Quantcast
Channel: Tépas Pangacaprukan | Urang Sunda nu kér diajar Nyunda!
Viewing all 65 articles
Browse latest View live

Sajak sunda: Campaka

$
0
0

Djungjunan,
masih keneh garing kamalir nu kamari ku salira disaatkeun teh
cidera jangji nu pasini teh teu kahontal deui ku hate
kuring gés ninggalken jauh titincakan sajarah katukang

Djungjunan ati,
tega-na salira ninggalkeun campaka bodas dihandapeun ibun
ibun katresna buah ning kaheman
taya hampura nu sanggup di teda
barakbak ati, campaka taya ligar deui

Djungjunan nu pinuh ku serah seukeut....
taratas bodas ilang, teuing iraha rek mulang
pamanah hideung cokot ku batin
prak amprok nepi ka dewi candra
isukan boa campaka ges ligar dei...ngan handapeun nisan kuring atawa salira.

LieZMaya/ Lilis mayasari - ping Genep April dua rebu sawelas.

Sajak sunda: Sapanjang Jalan malakarea

$
0
0

image

Djungjunan,
basa urang kamari ngajugjug ka Malakarea
gening salira nungtun pageuh panangan, bari ngagero halon "kade geubis"
mapay jalan satapak galengan nu leu'eur
sakapeung mah silih papasan jeng papatong koneng
eces katinggal raray salira nu marahmay
sakolepat ngagajleng luncat batu kamalir...

Duh Djungjunan tong lumpat atuh,
keun wae urang mah lengle ge tinggaleun batur, beh langkung lami abdi ngaararoskeun kadeudeuh salira,
Mung ukur kangge poe ayeuna wungkul Djungjunan, ukur ayeuna!

Ku: Lilis Mayasari/ LieZMaya.

Info Bisnis - Jual Voucher Autosubmit LEBIH MURAH, cuma Rp. 27RIBU

$
0
0

voucher autosubmit iklan murah Nah, bapak ibu tante om encang encing enya babe, sudah pada tahu kan Software pintar Autosbmit buatan Asli Webmaster Indonesia untuk pemasangan Iklan baris Gratis ke RIBUAN SITUS iklan Baris?

kalau Belum, coba baca dulu deh di halaman Ulasan tatacara order, installasi, dan pengunaan software dapat anda baca di: http://autosubmit.potter.web.id

Kali ini saya mau nyoba jualan Voucher Autosubmit DIJAMIN LEBIH MURAH, harga normalnya kalau beli di Autosubmit.web.id adalah Rp. 30.000;- Nah kalau saya jual Rp. 27.000;- aja deh. Kalau berminat silahkan kunjungi halaman www.potter.web.id/voucher-autosubmit-murah

 

Fitur fitur autosubmit dalam memasang iklan baris

  • Fitur Captcha Characters Recognizer, yang dapat mengenali karakter yang terdapat dalam captcha, sehingga untuk situs situs iklan baris yang captchanya dapat dikenali oleh program, anda tidak perlu menginput kode captcha nya lagi karena sudah otomatis diinputkan oleh program. Dari 1432 situs iklan baris yang dapat di submit oleh program autosubmit, –/+ 1272 diantaranya anda sudah tidak perlu menjawab pertanyaan captcha kode lagi, karena program kami sudah dapat mengenali karakter di captcha kode tersebut.
  • Fitur Random Characters Insertion, yang jika anda aktifkan, otomatis menambahkan beberapa karakter random yang tidak akan mengubah arti dari iklan anda pada bagian judul dan isi iklan anda, sehingga dapat menghindari filter duplicate content pada sebagian situs situs iklan baris yang tidak memperbolehkan ada lebih dari 1 iklan baris dengan isi yang sama.
  • Bisa menentukan kapan iklan anda kadaluarsa (expire) untuk pemasangan pada situs situs iklan baris yg mensupport tanggal kadaluarsa iklan.
  • Data iklan anda tersimpan di server autosubmit, sehingga walaupun komputer anda habis di format ulang, atau anda sedang tidak menggunakan komputer anda. Data iklan anda yg sudah anda definisikan tetap muncul pada saat anda login ke account anda di program autosubmit, tanpa perlu anda mengetikkan ulang.
  • Proses pemasangan iklan secara multithread/simultan.
  • Report gagal / sukses disertai dengan tampilan preview halaman website situs iklan baris pada saat pemasangan iklan gagal/sukses di lakukan di situs iklan baris tsb.
  • Tampilan dalam bahasa Indonesia.

image

Ayo buruan serbuuuuuuuuuu!!! KLIK DISINI ya Untuk pemesanannya…Lebih banyak Voucher yang dibeli, saya diskon LEBIH MURAH LAGI lhoo!

Kumaha damang Masbro?

$
0
0
bgsunda - logo sunda nu samemehna.  
Kumaha daramang Masbro?

Duh tos lami tara apdet deui seratan di sang teh, da bongan atuh kieu yeuh ari jadi babu kantor mah, teu weléh sararibuk dotplok dotkom, nyuhunkeun dihapunteun we kasadaya dulur – dulur nu parantos getek ngangantosan, nye da saleresna mah simkuring gé géték atuh macaan carangka emailna gé “iraha jéng iraha apdate atuh Neng Lis” heuheu sabar…sabar.

Kumatakna da kirang kumaha atuh da simkuring mah selalu welkam kangge akang akang ceuceu ceuceu nu bade ngiring ngarojong maparinan sésératan didieu teh, malihan mah atuh bade ngahaturkeun mangrébu – rébu nuhun saupamina aya nu kerja ngintunkeun mairan seratan…tapi da gening kitu nya, cenah mah alesanana teh teu tiasa sok sieu lepat nyérat, awon seratanana, jéng saterasna…aduuh ulah kitu atuh lur, apanan namina gé urang teh diajar nyunda, silih ngawartosan, silih geuingkeun sangkan urang moal mopohokeun sareng mugia harepan mah apanan supados budaya sunda teh teras eksis kangge anak incu urang kapayun, satuju?

Sok mangga atuh, dina postingan ayeuna simkuring mah hoyong khusus w ngajak dulur – dulur sadayana saparakanca nu gaduh kaigelan, sésératan dina Basa sunda, boh eta Puisi, Carpon, Carpan, Unek – unek, atanapi bentuk seratan naon bae lah, atanapi manawi atuh aya nu bade marian poto – poto pilemburanana…Mangga pisan, diantos ku simkuring, da moal biheung di pasang di saung butut ieu, sok sakali deui, Tong isin – isin hehe.

Ke ke ke, Neng Lis naha Judulna di luhur teh méni teu nyambung?
Hehe ah nya éta dihaja, sakantenan simkuring hoyong babagi carita, Alhamdulillah basa sasih kamari teh rayi – rayi simkuring anu dua parantos lalulus sakola (SMP sareng SMK), kaleresan pisan simkuring harita teh basa pangumuman kelulusan teh nuju aya mudik ka bumi (Arjasari – Bandung), sanaon ngaringkuk moro teu damang aya kana dua minggona, saur dokter ku alatan capé teuing kirang istirohat saréng kasérang ku panyawat radang usus + Tenggorokan saurna téh, tapi da Alhamudlillah ayena mah parantos sehat deui sabihara bihari.

Masbro didieu teh hiji basa gaul di lembur, apalna teh ti rayi rayi simkuring…cenah ieu teh panggilan gégéntosna kangge nami rerencangan (saumuran) nyéta singkatan tina “Mas” saréng “Bro” nu gaduh hartos Lanceuk/ kakak tina dua basa nu benteun, nyaeta basa Jawa sareng Inggris tea…saurna teh supados rada gaul tapi tetep tradisionil haha *beuhkeuy…tapi da nya Lur, pami di pikir – pikir mah ieu teh salah sawios apresiasi kaigelan karya barudak ngora, nya apanan tiasa dijanteunkeun gaganti basa Barudak nu baredegong tea nu hese leupas tina basa Kebon binatang safari tea gening (sabangsaning Guguk *Anj***, setan, bago**) dst nu matak teu mantés pisan kadangu kana ceuli urang teh apan…tah kitu pami numutkeun simkuring pribados mah, ieu positif keneh…mugia teu janten riya sareng memperbaiki moral bangsa ramaja ngora kapayuna sangkan langkung merenah *nanaon ge tina hal nu sapélé heula memeh jadi gédé.
Mangga atuh ah, mung sakitu heula we ti simkuring dina déngét ayeuna, mugia katampi.
Salam baktos simkuring, Lilis Mayasari/ LieZMaya.

Mapag Romadhon

$
0
0

1432 Wilujeng mayunan sasih shiam 1432 Hijriah, mugia dipasihan kasehatan, kakuatan nikmat iman tur Islam dina ngajelankeun sadaya Ibadah dina sasih suci ieu, mugia janten berkah kenging hidayah tur rohmat ti Gusti Alloh SWT. mugia sasih shiam ieu langkung khusyuk, langsung seer getol paboro – boro kana kahadean ti taun kamari nu parantos kalangkung.

Simkuring nyuhunkeun neda hapunten kangge samudaya kalepatan tur khilaf simkuring kangge dulur – dulur sadaya.

Salam  baktos simkuring,
Lilis Mayasari/ lieZMaya.

Naha bet peunteun lima Lis?

$
0
0
Di tulis Ku: Lilis Mayasari.
Ah dasar urang sunda atah, hese jeng teu pati ngarti kumaha ngomong sunda nu bener teh, malahan dulur kuring keneh yeuh, cindekna mah kapi adi teu nyaho naon artina galo – galo acan, tungku jeng sangku beu kacida! Da sidikna mah lamun ker ngobrol teh heg kuring make basa sunda nu poll teu jarang manehna mah kanah kerung pek nyusul nanya ka kuring “naon artina teh?” waduh kacida pisan, nya ku kuring di tembal “ari maneh urang sunda lain?” atawa “ari maneh urang Bandung lain atawa “ari maneh urang Rancaselang lain?” (Rancaselang = ngaran salah sahiji tatangga lembur kuring), atawa “ari maneh jelema lain” hehe teu nyambung ieu mah.
Cik Lur naha bet bisa kitu geningannya?

sd Kuring inget baheula basa keur SD di Bandung mah da harita teh pelajaran materi Bahasa sunda teh asup kana kurikulum Jawa Barat, kuring atoh satengah hanjelu aya eta kurikulum teh. Atohna ku sabab bisa diajar basa sunda nu baleg, da gening ti kolot jeng lingkungan mah ngan saaya – aya, kaduana kuring resep ngadengekeun dongeng sunda (kawas dongeng nu dimimitian ku kecap “sakadang” ah asa na teh resep pisan pokona mah, komo mangsa ngadenge dongeng Wa Kepoh mah heuheu tapi dina radio eta mah). Tapi hanjelu oge, ku sabab gening guru nu nerangkeun materi teh teu “bener – bener” maksimal ngawulang eta pelajaran, da bener pisan karasa ku kuring atuh da…lamun di bandingkeun jeng palajaran sejenna mah buku Bahasa sunda kuring hari teh pang lowongna, teu pinuh sanajan ges nepi ka akhir taun ge, paling pinuh ge ngan nepi satengah buku wungkul harita teh, beda pisan jeng mata pelajaran nu sejenna kawas IPA, IPS, Bahasa Indonesia jeng sajabana.

Jeng nu teu eleh deuih sakola bararodo, lain barodo budakna (komo da kuring mah rarasaan kaasup kana budak nu palinter di kelas teh :haha narisi MODE ON), tapi naha nu jadi pertanyaan, naha nilai bahasa sunda kuring bet goreng, ngan meunang TUJUH pang gede na teh dina rapor, SOK NAHA GEURA BAYANGKEUN!!! Naha beda jeng pelajaran nu sejen nu nepi ka meunang peunteun dalapan atawa salapan???
Ku sabab naon cing…sabab kuring bingung ngeusian soal THB (soal ulanganana), loba materi pelajaran basa sunda nu can diajarkeun, samodel pertanyaan “cik sebutkeun lima kecap basa sunda nu asalna serepan tina basa arab”, da sok SUMPAH kuring mah daek medu, saumur – umur hirup teh can pernah kuring diajarkeun materi eta ku guru kuring harite teh keur SD “daek meu aing mah” haha (kalepasan)….nu antukna kuring ngan bisa ngagerenyitkeun tarang kuring, kusabab bingung teu nyaho jawabanana, nya kuring ngarang we sabisana, tapi hasilna gening pas dibagikeun eta soal hasil THB teh saralah kabeh beuuuugh kuring hanjelu kacida da sabab kuring era ku kolot kuring ninggalikeun eta peunteuna ngan meunang lima, duh! “naha bet Peunteun lima Lis?”

Jeng kuring masih inget keneh, harita aya pertanyaan nu sederhana pisan, tapi balik deui ciga tadi KURING TEU NYAHO JAWABANANA, kuring bingung ciga nu boloho bodo teu beda jeng si Encep! (film komedi Anjasmara zaman harita haha), pertanyaanana teh “Cik sebutkeun naon singkatan tina TARLING”, sumpah pisan….kuring bingung, dikosongkeun, teu dijawab da teu nyaho mikir tujuh kuliling ge! Niatna mah moal ngajawab eta soal...ngan edas harita kuring boga akal, kabeneran ijin indit ka cai api - apina mah ka guru teh, pek nyingcet ka tukang (kebon sakola) neangan Pasapon sakola kuring nu bageur ciga Hagrid (salah sahiji tokoh dina film Harry Potter) heuheu, ngarana Pak Wawan, duh bageur pisan pak Wawan ka kuring mah da heuheu teuing bakat ning kuring teh imut, teuing memang karunyaeun kana deg2an kuring anu boga awak leutik teu payaan labuh wae...ah pokoknamah Pak Wawan is my hero :P
kuring nanya ka Pak Wawan...pak cik tulungan Lilis yeuh...naon ari singkatanana tarling? "Gitar jeng suling lis...salah sahiji jenis musik khas Jawa barat" pokna teh, heuheu nganuhunkeun bari semu atoh kuring tipoporotot balik deui ka kelas langsung nulis jawabanana *horeeeeeeeeeee!!!

Tah gening ayena mah kuring ges gede, saeutikna ges rada ngarti kana basa sunda, jeng kuring boga kahayang pikeun ngamumulekeunana, tapi edas gening, kurikulumna ditingali – tingali (dina buku pelajaran adi – adi kuring di Bandung), masih keneh we pas – pasan eta materina teh, malahan adi kuring mah leuwih parah peunteuna teh, waduh!
Cik atuh lah ku matakna da ceuk kuring mah lain sapati – pati salah barudak ngora keneh gening, tapi da kokolotna keneh nu hoream, nu embung nurunkeun elmu kasundaan teh, barudak ayeuna mah lolobana diheulakeun kana palajaran basa Asing, sedengkeun palajaran indung teu diheulakeun, nya padahal mah atuh dina tingkah sapopoe ge apanan kudu atuh.
Ku saha deui atuh budaya Sunda teh di mumulena, ari lain ku tungturunan Urang sunda sorengan mah, barudak ayeuna kaasup ka kolot – kolotna di Bandung keneh wae ges mindeng kadenge basa sunda teh teu puguh kacampur – campur, nu antukna kadengen pikaseurieun lucu, tapi abus kana hate kuring mah sedih asa na teh kapandeurian.

Hayu atuh Lur, mimitian turunkeun elmu basa sunda teh jang dulur jeng tungturunan urang, keur bekel jaga sangkan urang sunda tetep ngajomantara teu kasepak ku basa deungeun.

Cag ah, ges tunduh…hampura bisi aya basa atawa carita nu salah…eta mah ngan unek – unek hate kuring pribadi, hapunten bapak/ ibu guru sanes simkuring teu nyukuran atanapi bade ngawurukan *ampun paralun teuing, sanes…ieu mah mugi janten bahan kangge bebenah. 
Wilujeng sasih romadon, cag ah.
baktos simkuring,
Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Potret: Lilis Mayasari nuju SD keneh hehe @ taun 1994 kitu *pami teu lepat mah :P

Arsip Carita Kuring

$
0
0


Kangge langkung jentre tur ecesna ninggal lomari carita/ arsip carita Blog ieu Alhamdulillah tos tiasa ditinggal dina kaca ieu, mangga dipilari.
Hatur nuhun.


Wilujeng Boboran shiam 1432 Hijriah

$
0
0

Assalamu’alaikum Wr. Wb, kumaha daramang Lur?

Taqabalallahu minna wa minkum.
Simkuring pribados sareng kulawargi ngahaturkeun wilujeng boboran shiam 1432 Hijriah, mugia kersa ngahapunteun samudaha kalepatan lahir tumekaning bathin. Mugia amal sareng ibadah urang salami sasih romadhon teh di tampi ku gusti Alloh SWT di leburkeun sadaya dosa – dosana lir ibarat budak nu nembe brolll ka alam dunya.

SAM_0404 Sareng sakantenan we bade nyuhunkeun pidu’ana, Alhamudlillah basa kamari boboran teh sakantenan ngajajapkeun rayi bungsu simkuring nu ngagaduhan wasta Muhammad Reizhan Ramadhan ka dokter pikeun di sunat/ di khitan dina yiswana nu ka genep taun, mugia janten murangkalih nu sholeh bageur dipilampah rezeky nu halal ku Gusti Alloh SWT. Amin.

Hatur nuhun, cag ah…
Lilis Mayasari sareng kulawargi (Bandung).


Pileuleuyan ki Darso

$
0
0

Berita duka, Innalillahi wa inna illaihi raji’un, sakali deui dunia seni khususna seni sunda kaleungitan hiji maestro dinten senen ieu (12 September 2011), parantos mulih kajati mulang ka asal, Bapak Hendarso atanapi nu parantos kakoncara nami panggungna Darso, mugia iman islamna di tampi ku Alloh subhanahu wata’ala, dicaangkeun pakuburanana, dihapunteun sadaya dosa – dosana. Atuh kangge senina nu parantos dipidangkeun cing janten pahala, dikenang salalawasna ku dunia, diteraskeun ku kawula muda sunda. Amin.

Gambar dicandak ti: Inilah.com & pikiran-rakyat.com

Cag ah,
Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya.

NAAAAA…ARI...NANI…

$
0
0

Tamba2 teuing sepi saung butut simkuring ieu tos lami teu update, tos lami seer nu protes alias demo, nya di YM, twitter, nya komo deui dina FB mah…cigana mah da mun cindek matak di duruk ieu saung teh haha.
Hampura Lur, sanes simkuring alim update, tapi da dalah dikumaha, gening waktos nu teu mirengan, carape ku padamelan di kantor, sareng lier ku pangabutuh tambahan bisnis anyar nu susuganan janten jalan rezeki kapayun haha…Mangga yeuh di aos, manawi katampi, carpon ieu dicandak ti salah sawios blog Favorit simkuring, manawi teu kaabotan di ciwit kadieu.
Mangga ah, wilujeng maca…pruuung!

image Poe Senen, di jurusan harita teh, kuring keur jongjon maca buku. Jol Si Nani sobat kuring ti keur jaman SMA keneh, biasa siga nu riweuh.
“Cilaka…Cilaka Rani! Cilaka siah urang mah ! “ Datang- datang meni hariweusweus, baku si eta mah ari geus kitu teh, boga sifat teh teu bisa kalem, matak ku barudak reguler mah dilandihna ge si euceu ribut.
“ Cilaka kunaon Nan? “ tembal teh bari anteng maca buku. Buku ku manehna dijewang, “ Dengekeun siah Rani ari urang keur ngomong teh! Dengekeun, tuluy pangmikirankeun!” ngomongna kitu teh bari teu sirikna popolotot, gek diuk gigireun, derekdek ngomong bari pepeta.
Daek geulis, kuring bingung ngabandunganana. Eta tuda ngomongna teh bangun nu rusuh, jadi teu puguh naon dengekeuneunana, jeung siga nu ambek deuih.
“ Nani, cik atuh nu bener ngomong teh, sing beres entep seureuhna, ngarah puguh ngabandunganana!’ cekeng daria.
“ Ih ari Si Astahiam! Na saha nu ngomongkeun tukang seureuh? Sugan teh ente bener-bener ngadengekeun!” kalah ka nyorongot dibejaan teh
“ Ah maneh mah Nan, panyakit saliwang teh dikukut wae!. Lain ngomongkeun tukang seureuh tapi maksud urang , ari ngomong teh kudu merele, susun ti mimiti kalayan imeut. Ngarti teu?” kuring rada nyeuneu.
“ Euuhhh sugan teh, kieu atuh Rin ari hayang jelas mah. Derekdek manehna ngadongeng.” Kamari nilai UAS dibuka. Urang kaget, mata kuliah psikologi jeung filsafat nilaina BL. Rani maneh ngontrak henteu mata kuliah eta?”
“ Ohh eta mah atuh MKDU. Pan enggeus urang mah semester kamari! Tuluy kumaha geus kitu?”
“ Nya ku urang ditanyakeun we ka Pa Alif dosen psikologi jeung Pa Burhan dosen Filsafat. Ceuk Pa Alif heueuh cenah aya tugas nu can asup, rumasa eta mah urang oge. Ngan palebah nanyakeun ka Pa Burhan dosen filsafat, urang kalah ka dicarekan bebeakan. Padahal urang nanyakeun teh, heueuh hayang nyaho we, da rarasaan asa teu boga masalah dina filsafat mah. Tapi naha nilai bet BL. Ari pok teh ceuk Pa Burhan , bongan niron cenah dina ujian! Kapanggihna teh waktu ningali hasil ujian urang, sarua pisan jeung Si Rudi. Malah Si Rudi oge anu pinter sarua dibere BL. Rumasa urang ge lebah dinya mah. Ah Ente ge ngarti meureun Ran!’ Si Nani meni lumengis.

“ Nani…Nani… ari maneh kalakauan teh bet teu euih-euih? Cik atuh jeung Pa Burhan mah ulah loba neangan masalah! Pan geus nyaho Pa Burhan mah beda jeung dosen nu lain! Taliti pisan. Da sigana kabeh pagawean mahasiswa ge ku manehna mah dipariksana nepi ka titik-titikna!”

“ Nyeta atuh Rin, teu sangka bet kieu jadina” manehna tungkul bangun hanjakal.
“ Menta tugas we atuh?” pok teh mere bongbolongan..
“ Enggeus puguh ge, ngan kalahka mere nu kieu patut tah dosen atah adol teh! Sarua we jeung bohong!” Si Nani kukulutus, bari jeung nyebut dosen atah adol sagala puguh manehna nu atah adol mah.

“ Mere naon, cikan sim uing ngilikan!” pok teh hayang nyaho
Kusiwel manehna ngaluarkeun keretas sacewir tina jero kantongna, song dibikeun. Ku kuring tuluy dibaca. Eusina teh nota ti Pa Burhan keur Pa Jaka asistenna nu unina kieu “ Pa Jaka, masalah Bu Nani tolong diurus. Saya serahkan semuanya kepada Pa Jaka saja karena saya akan berangkat ke Jakarta dalam rangka seminar nasional. Terimakasih.”

Kuring seuri leutik sanggeus maca surat eta, kacipta tuda. Menta tugas ka Pa Jaka mah sarua we jeung neangan pipaeheun. Komo mun seug manehna nyahoeun mah kana kasus Nani, wah matak cilaka kurang-kurangna kuat mental mah. Loba mahasiswa kajeun ngalontrak deui tibatan menta tugas ka Pa Jaka. Killer Man disebutna oge ku barudak mah.

“ Kumaha atuh Ran? Sigana kana moal bisa milu ujian sidang ayeuna” omong Nani semu putus asa. Karunya kuring ge ningali kitu mah.
“ Nan, kumaha mun bareng we ka Pa Jaka na jeung Rudi, pan sarua meureun manehna oge kudu beberes nilai! “
“ Nya eta embungeun kamari diajak ge, Kajeun rek ngontrak deui we cenah. Eukeur mah lila keneh manehna mah sidangna ge.
“ Kumaha mun ngilu susulan we minggu hareup?”
“ Hih nyasat atuh ari aya mah, pan mata kuliah eta mah ti baheula oge tara aya susulan, ari lain keur nu gering mah!”
“ Aeh ..heueuh nya.” Cekeng garo-garo teu ateul. Ah bet jadi milu bingung.
“ Kieu we atuh Nan, kumaha mun urang datangan we Pa Jaka ka imahna, enya ka imahna ulah di kampus. Ngarah salse ngomongna”
“ Naon Rani? Ka imahna dedengean teh? Ari nyaneh ngomong teh sok nu lain-lain! Atuh sarua we jeung nganjang ka kandang singa! Ih teu wararani teuing aing mah!” Si Nani bibirigidigan.
“ Ulah kumeok memeh dipacok atuh Nan, sing bisa we diplomasina. Gunakeun kabisa teh. Lain pinter diplomasi di dinya teh? Jeung deuih sagalak-galakna Pa Jaka da moal nepi ka ngerekeb atuh! Nu penting mah dicoba heula, ulah mundur sebelum bertempur!” jawab teh mere sumanget. Si Nani kalah ka ngahuleng dikitukeun teh lain buru-buru mere jawaban. Tapi teu lila pok ngomong
“ Heueuh Nya Ran, na asana teh! Anteur atuh urang nya Ran? Keun we da apal imahna mah di Jalan Saledri. Omat anteur nya Ran? Pageto we nya, bisa henteu?”
“ Ulah pageto, isuk we ngarah salse. Pageto mah aya ngajar.”
“ Ah pageto we, urusan ngajar mah pan sore lin? Isuk mah urangna rek usaha heula, aya obyekan yeuh, rada lumayan sigana mah. Ayeuna urang teang heula, rek milu Ran?”
“ Moal ah, sakeudeung deui aya jangji jeung babaturan. Uang dengerna we nya Nan?”
“ Beres lah! Yu Ran, doakeun sing hasilnya!” ngomongna kitu teh bari celengok nyium pipi, tuluy ngaleos ninggalkeun kuring. Ku kuring diteuteup ti tukang, leumpangna ngagedig bangun rusuh, biasa Si Euceu ribut!

Nani..Nani, muji kuring mah ku sumangetna. Atuda uyuhan si eta mah bisa kuliah oge. Jelema sibuk.Jaba ngurus salon, ngajar , boga pausahaan catering. Matak pantes ari usum ujian teh meni tibabaradug da eta kuliahna belang betong. Ninggang di mata kuliah nu dosenna siga Pa Burhan… matak neunggar cadas.

Ah nya umumna mah kitu we mahasiswa kolot mah, jadwal kuliah teh pakepuk jeung jadwal ngajar. Ari kuliah disaruakeun jeung barudak nu asupna make jalur SPMB, anu disebutna mahasiswa regular tea, atuh puguh we sagalana oge disaruakeun jeung maranehna, euweuh pisan tinimbanganana. Eta we kuring oge ari balik kuliah teh meni asa di udag jurig, da kudu buru-buru nepi ka sakola, didaragoan ku barudak di kelas. Geus puguh ari inditna mah kudu pak pik pek heula di imah nyayagikeun barudak jeung bapana.

Sakapeung kuring sok nanya ka diri sorangan, kunaon atuh kuring teh ngariripuh maneh make jeung kuliah deui sagala. Apan gawe enggeus, salaki boga, imah pageuh, kolot aya budak balatak. Enya mun kuring geus lieur , pertanyaan kitu teh sok jul jol. Komo lamun ahir bulan mah, nempo duit gajih loba potongan. Enya da rumasa kuring mah sakola deui teh lain loba duit, ieu mah bane wae bakat ku hayang sakola luhur jiga batur. Bongan tuda umur 19 taun kuring geus dikawinkeun, kuliah ge kakara sataun, da asupna ka D1. Lian ti kitu, atuh ari ku sakola deui mah sugan jeung sugan hirup teh rada menyat da ilmu nambahan. Matak biayana oge kumaha koprasi bae!

Teuing atuh kuring teh ku hayang pisan nuluykeun sakola, komo barang disatujuan ku salaki sarta hasilna teu nguciwakeun mah, diajar teh asa beuki sumanget. Cape, riweuh ge teu dirasa. Rido kuring mah, najan ampir unggal poe sare tara kurang ti pukul satu peuting oge, alatan nerektek wae ngetik da loba tugas. Atuh barudak katingalina teh saroleh pisan milu ngajurung ka indung.

Enya eta ge kungsi ngadenge , pajar keur guru mah sakola deui teh moal rugi da bakal meunang kredit poin jeung bisa milu sertifikasi, anu cenah engkena teh bakal dibere tunjangan sarua jeung gajih poko, cenah kitu ge. Kateuing bener henteuna mah. Ah teu karana eta kuring mah, da kredit poin mah bisa direkayasa, najan teu sarakola deui oge angger we gening cing terekel nu naraek tingkat mah, bari ngajarna mah asa tara katingali bener da loba ngobrol di kantor. Getolna teh mun usum dibagikeun duit we. Ih palias ari kudu tepi ka kitu mah. Atuh nu lulus sertifikasi apan geus lain beja aya guru kedul ka kelas, lulus. Heuyy deuuhh sok teu ngarti puguh ge ari di nagara urang.

“Ngalamun wae!” Gebeg teh, tak-tak aya nu nepak , dilieuk , horeng sobat-sobat hungkul, heueuh apan jangji ayeuna teh rek diskusi masalah semantik di Parter. Atuh bring wae ka Parter, dariuk handapeun tangkal camara. Dua jam ge geus beres materi teh dibahasna, tinggal nyieun laporanana jeung ngabereskeun makalah keur presentasikeuneun isuk.
“ Ran, pek wae nyieun laporan mah kumaha Rani, Heni, Siti, Oom jeung Lina nya? Urang mah nyaho beres bae. Keun we soal konsumsina mah bagian urang. Pek pilih ayam bakar? Gurame goreng atawa nasi kapau? Omong Ria.
“ Enak aje! Sakalian atuh jeung ngajilid, moto copy na oge nya?” ceuk kuring bari seuri.
“ Beres bos! “ tembal Ria bari ngacungkeun leungeun, tuluy gura-giru indit da didagoan cenah ku salakina.
Aya deui batur model Si Nani teh. Sarua deuih Ria oge kaayaanana geus riweuh. Bedana si eta mah loba duit. Malum salakina pejabat. Urang Cianjur Ria teh, boga salaki ka Kapolda. Ka kampus oge teu weleh unggah turun mobil , matak bungah keur kuring da bisa milu balik. Lumayan ngirit-ngirit ongkos. Bageur deuih si eta mah keur geulis teh. Komo ka kuring mah, basana teh asa ka dulur pet ku hinis cenah.

Isuk-isuk poe Rebo, beres kaprak-keprek di imah, torojol Nani , meunang dangdan pantes naker.
“ Aeh..aeh, rek ka mana Nan meni gaya? “ cekeng bari nyidik-nyidik manehna.
“ Montong loba omong, apan rek ka Pa Jaka tea, hayoh lain rek nganteur? Gening masih keneh di cacalana pondok, lain gera dangdan, buru atuh disalin bisi kaburu beurang! Omongna bari gek diuk dina korsi makan, am kana roti bakar sesa sarapan barudak.
“ Euweuh kuliah pan poe ieu mah Ran? ‘
“ Kosong kuliah mah tapi engke jam 3 sore aya ngajar 2 jam pelajaran” cekeng teh.
“ Kaburu lah jam sakitu mah”
“ Ari masak keur barudak? Cekeng bari kerung
“ Aaahh nu kitu dipikiran, tah aya gepuk jeung pais lauk keur nyampakeun bapana mah, engke beurang urang meuli pais hayam di pengkolan!”
“ Uluuuhh, bener ieu teh? Alaahh meni seungit kieu gepukna, saha nu ngagepuk Nan? ‘
“ Alaahh loba omong pisan nya, hayu buru urang anteur bisi kaburu beurang!’ Dikitukeun teh kuring buru-buru ganti baju, dangdan ge teu sirikna rurusuhan, padu diwedak we, geus geulis ieuh barina ge..he..hehe.. ceuk salaki kitu ge, kateuing ceuk salaki batur mah he..he..he…, teu aleg pisan nya pipikiran teh.
Beres dangdan, papagah bari jeung ngomat-ngomatan ka si cikal, nu kabeneran sakola beurang ,supaya mapagkeun si bungsu balik ti TK. Geus kitu mah leos bae indit jeung Nani.

Jauh gening imah Pa Jaka teh, ti jalan gede teh make kudu kana beca sagala. Ngan edas, hemeng ku kalakuan Si Nani, sapaparat jalan panon teu leupas ningali lalampahanana . Ditempo-tempo teh biwirna ngan kunyam kunyem wae, panon rada dipeureumkeun siga hayam rek paeh ku cekak. Diajak ngobrol teh teu diwaro, kalah hayoh nyarek ulah loba omong cenah. Pajarkeun teh keur mapatkeun ajian. Teuing ajian nanahaon da katingalina teh badis we dukun sebul.

Komo waktu aya di jero beca mah make jeung meuleum menyan sagala, meni mabek. Da eta we tukang beca ge tangka ohek-ohekan, teu kuat dipuput ku menyan meureun..Ari kuring bati olohok bae ningali pamolahna teh.
“ Nani ! Ari maneh nanaonan kalakuan teh kawas jelema teu hideng? “ kuring nanya bakat ku panasaran, ditanya teh manehna kalahka seuri.
“ Rani,..Rani,cicing tong loba omong! Ieu teh resep ti Bah Dira dukun Citepus, ulah salah urang keur mapatkeun jampe pamake supaya bisa ngaleumpeuhkeun hate Pa jaka! Ngarti Rani? “ pokna kalem naker.
“ Astagfirulloh Nani, musrik siah kikituan teh!” kuring morongos bari istigfar, teu sangka atuda Si Nani kitu peta.
“ Tenang…tenang, tanggung jawab Nani”, omongna, angger kalem.
“ Stop….stop, heup bae di dieu Mang! “ reg beca teh eureun hareupeun warung.
“ Na eureun di dieu? Pan itu imahna mah ? “ pok teh teu ngarti.
“ Ah keun we di dieu! Kieu nya Rin, Rina mah teu kudu milu asup ka imah Pa Jaka, dagoan bae di warung ieu nya? Bisi kuring teu bebas ngomong! Eraeun deuih Pa jaka na ningali Rina mah. Tah bari ngadagoan, ieu cekel. Mun engke katingali kuring kaluar ti imah Pa Jaka, buru-buru eusina awurkeun nya?” ngomong kituna teh bari song ngasongkeun bungkusan ka kuring, dibuka teh horeng rampe.
Kuring bingung, cenah menta dianteur tapi kalahka nitah ngadagoan di warung.
“ Embung ah sieun kababawa musrik urang mah! Pek we awurkeun ku sorangan.
“ Moal atuh Rin, pira ge ngawurkeun hungkul!’
“ Heueuh jig atuh buru, omat tong lila nya? Kade deuih poho format nilaina dibawa!”’ kuring eleh deet, barina ge ketang haroream teuing kudu panggih jeung Pa jaka. Mending ngadagoan di warung, bisa-bisa bari jajan.

Teu diengkekeun deui, leos Si Nani indit muru imah Pa Jaka. Imah nu buruanana linduh ku tatangkalan, endah ku kekembangan. Dituturkeun ku paneuteup kuring. Sapuluh menit, satengah jam. Si Nani can tembong kaluar. Antukna geus ampir tilu jam kuring cinekul di warung, manehna can katingali ka luar keneh wae. Bujur asa geus panas balas diuk wae, beuheung ge asa sosonggeteun balas ngalieukan manehna ka luar ti pakarangan. Weleh teu katingali irung-irungna acan.Na tuluy ka mana atuh mangkeluk teh, piraku dileg-leg jurig onaman.
Rek diteang asa-asa, da inget kana talatahna anu omat-omatan pisan ulah neang da kitu cenah papatah ti ki dukun teh. Bingung jadina teh, didagoan kesel jaba melang ka barudak di imah. Tungtungna mah leos bae balik. Belewer we bungkusan rampe teh dialungkeun, kateuing rag-rag di mana.

Pasosore, balik ngajar nyampak Nani aya di tengah imah, diuk nanghunjar lambar, ngarendeng jeung si bungsu nu keur anteng lalajo TV. Ku kuring langsung ditongtak, keuheul tuda, ngulinkeun pisan!
“ Nani! Ari maneh tadi teh nanahaon heula? Di dagoan meni ngampleng, teu ngarasakeun pisan! Dileg-leg jurig puguh deui atuh!” pok teh rada teugeug bakat ku ambek.
“ Hampura urang Rin, kumah atuda ngajak ngobrol wae ituna.’
“ Dilayanan bae atuh, ngomong we saperluna.”
“ Ih ari teun teh, apan urang nu butuhna oge, nya wayahna bae.” Pok na teh bari lumah-lameh ngolo supaya kuring teu ambek.
“ Geus lah tong ngambek, mending ge dengekeun dongengna, tuh pais hayamna jeung soto geus aya dina meja makan’ kuring eleh deet, jeung enyana hayang nyaho dongengna deuih.
“ Pok atuh ngadongeng, kumaha tadi teh hasil henteu?” cekeng bari regot nginum jus alpuket nu aya na meja leutik gigireun TV, jigana bawa manehna.
“ Cumlaude atuh Rin! “ omongna bari ngacungkeun jempol. Puguh kuring reuwas.
“ Nu bener Nan? Cikan nempo format nilaina”
“ Is ulah waka, dengekeun heula mending ge”
“ Heueuh, pok-pok atuh” cekeng panasaran.
“ Waktu urang ngetrok panto imahna, urang mapatkeun ajian heula. Na da eta mah teu sakara-kara, nu muka panto teh manehna pisan. Amis budi bear marahmay. Pok na teh, haturan BuNani aya pikersaeun naon? Kuring sorangan ge asa teu percaya ningali sikep Pa Jaka kitu”
“ Geus kitu tuluy kumaha?” bet jadi milu panasaran. Da enya atuh, heran kuring ge ari ngadenge sikep Pa Jaka kitu mah. Da di kampus mah, ih sigana cadu kudu surungah serengeh ka mahasiswa. Komo ka mahasiswa kolot samodel kuring mah,. kucem bae beungeutna teh. Seug komo mun keur pareng ngawas ujian, matak soak. Padahal mun di sidik-sidik mah, kasep Pa Jaka teh, kitu ge ceuk barudak nu nalaksir da ari ceuk kuring mah, nya…kasep we ketang da normal kuring ge.
“ Urang asup, tuluy diuk pahareup-hareup. Song nota nu ti Pa Burhan ku urang dibikeun, tuluy dibaca ku Pa Jaka, sugan teh rek ambek, eh kalahka serengeh seuri!”
“ Bogoheun meureun Nan!” kuring motong omongan
“ Dengekeun heula Rani. Geus kitu teh tuluy nanya ka urang, kawit ti mana, di mana linggih cenah meni lemes naker. Atuh ti dinya mah der ngobrol ngaler ngidul. Aki, nini. buyut kum ka seke selerna, kabeh kalaluar. Kabeh diobrolkeun, urang ge geus jangar ngabadunganana, tapi rek balik kumaha atuda ari can hasil mah.’
“ Ari Nani ngobrolkeun pribadi Nani deuih?”
“ Nya saperluna wae, naon anu ditanyakeun ku manehna, ku urang dijawab. Tapi Ran, aya untungna oge, urang jadi nyaho pribadi Pa Jaka,horeng bujangan keneh gening Pa Jaka teh. Geus tilu kali cenah diputuskeun ku kabogohna, malah ditingalikeun poto-poto kabogohna teh ka urang. Ayeuna keur bingung cenah sabab kolotna di lembur ngaburu-buru nitah kawin.’
“ Euleuh, paingan atuh barudak meni marijah ari pareng aya Pa Jaka di kelas teh, kumaha tah geus kitu?”
“ Ngadenge manehna bujangan keneh teh, jorojoy kuring boga gagasan. Kuring ngomong boga alo nu keur kuliah di Unisba, geulis jeung kayungyun. Ku kuring dicoba rek diwawuhkeun ka Pa jaka. Na atuh Ran, barang ngadenge kitu, manehna meni bungaheun pisan, komo barang dibejaan alo dijilbab mah, teu sirikna hayang indit harita, hayang gera ditepungkeun. Ngan ceuk urang teh, teu kedah rurusuhan pan kedah diwartosan heula ituna, nya tungtungna mah pageto cenah manehna rek nganjang ka imah nepungan alo. Geus kitu mah teu sakara-kara, kotret bae Pa Jaka nulis dina format nilai nu disodorkeun ku urang, tah ieu hasilna!” omong Nani bari song ngasongkeun format nilai ka kuring. Ku kuring teu sirina direbut tina leungeunna, Masyaalloh! Manehna meunang nilai A. Kuring gogodeg teu percaya.

“ Gening meunang nilai A, soal naon bae nu ditanyakeunana?”
“ Ah, eta bae soal alo urang, kolot urang , pagawean urang.Kasimpulanana mah pageto,manehna rek nganjang ka imah nepungan alo! “ omong Nani semu atoh.
“ Jurig siah nani! Bisaan maneh mah,”
“ Ih, siapa dulu dooong, Nanniii….” omongna bari nagadangah-dangah beungeut, bet asa ningali si cepot keur manggung.

Ah nyaan teu ngarti kuring mah, naha pantar Pa Jaka bet gampang kitu mere nilai ka Si Nani. Biasana boro-boro mere nilai A manehna mah, kuring ge anu ti suk-suk ti dung-dung diajar, ukur dibere B. Komo barudak mah loba anu dibere D jeung E. Pedit pisan atuda Pa Jaka mah kana meunteun teh. Jaba materi kuliahna teh matak jangar deuih, filsafat tea atuh. Ari ieu jaba nilai susulan, jaba teu ditanya materi kuliah, bet dibere A. Ah geus milik Si Nani we meureun, da kitu gening jaman ayeuna mah sagala rupa oge loba nu katarik ku milik batan ku prestasi. Da heueuh atuh lain teu ngabibisani pantar Si Nani meunang nilai A dina filsafat mah, matak guyur kampus. Emh, mun seug barudak di kampus arapaleun, moal teu dalemontrasi tah. Teu kitu kumaha, kuring apal pisan kumaha Nani sapopoena, eukeur mah batur sakola ti SMA keneh, kuliah bareng, tugas ngajar oge sarua deuih ditempatkeunana teh. Matak asa teu percaya bisa meunang peunteun A, jeung buku wae manehna mah musuh.
“ Heueuh sukur we beres mah Nan, bisa atuh ayeuna mah milu sidang ” pok teh milu bungah.
“ Beres ari urusan nilai mah Ran, ngan urusan urang can beres. Aya deui persoalan teh, omat kudu ditulungan deui nya.” Omongna semu bingung.
“Naon deui atuh?” kuring teu ngarti
“ Eta Pa Jaka! Cenah teu kendat nyaritana.
“ Haaarr apan geus beres, lain pageto rek nganjang ka imah?”
“ Puguh eta nu jadi masalah, mun engke jadi nganjang ka imah kumaha?”
“ Naa make jeung kumaha sagala, kari tepungkeun we jeung alo Nani!”
“ Alo-alo tujuh puluh! Alo ti mana horeng, pan Rani nyaho sorangan, Nani mah teu boga dulur. Aya oge Si Oci anak urang, da leutik keneh kakara ge kelas tilu SD.”
“ Jadi Nani teh ngabohong nya ka Pa Jaka?” pok teh rada reuwas.
“ Kapaksa we Ran, da teu kitu mah pasti Pa jaka moal daek mere nilai. Atawa dina merena oge, urang pasti dibere soal-soal heula, anu geus kasawang, moal bisa ngajawabna.’
“ Aduh Nani, kumaha atuh ari geus kieu? Kumaha lamun Pa Jaka nyahoeun Nani ngabohong?” kuring jadi milu manghariwangkeun.
“ Puguh eta nu jadi pikiran teh, sok sieun nilai dibatalkeun deui, tulungan atuh Ran.” omongna lumengis.
‘ Lieur urang mah ah! Kumaha nulunganana barina ge.” Pusing tungtungna mah ku kalakuan Si Nani teh. Etah gera wani kitu ka dosen. Doraka siah Nani.
“ Ran, apan Rani lain boga alo? Widuri budak geulis anu kuliah di Unpad tea? Kumaha tah mun diinjeum ku Nani, api-api we lah rek diakukeun alo Nani. Bae da Pa Jaka mah moal nyahoeun ieuh, sugan we jadi ngajodo. Kumah Ran, satuju henteu?”
“ Teuing ah! Kumaha dinya we.Barina ge Si Duri mah da geus boga papacangan. Lieur urang mah Nan, urus we ku sorangan, teu hayang miluan ah.” Leos we kuring mah ka cai.
Si Nani ngiclik nuturkeun, ngan tuluy mengkol palebah kamar Si Cikal, rek menta dianteur nepungan Widuri jigana mah.
Bingung, kuring bati bingung! Teu kacipta alo kuring kudu jadi korban diplomasi format nilai. Widuri geulis, mun kudu kitu teh hampura bibi.

Sumber dicandak ti: Weninggalih.blogsome.com

Hese mapalerkeun

$
0
0
Djungjunan
nuju naon ayeuna salira?
Naha masih emut ka simkuring wengi ieu?

Duh djungjunan
pametik ati, pamepes hate panglipur qolbu
nyai sono pisan ka salira, ku hese dipapalerkeunana
liek ka langit ngan ukur ceudeum kahalangan awan hideung gening..

Djungjunan,
satadina mah rek nitip ka angin
salam hate nyai sugan tepi ka salira
tapi sihoreng gening hate asa ku teu daya
sok sieun palaur salira malik bendu

Duuh hate...
naha bet beuki ku sono
beuki lila beuki jero hoyong ninggal imut salira
kabandang tur kasiksa hate
ka ubar tapi asa karaheutan
sihoreng gening...kuring beak ti sadar
yen salira tos aya nu gaduh.

Meureun goreng kasebatna pami nyai maksa hate
tapi nya kumaha carana ngubaran hate ieu teh

Duuh djungjunan,
ngan ukur keclak cimata
teu wasa...teu daya...teu upaya
duuuh
cinta
hese
jauh
sono
pageuh
raheut, peurih asa diturihan mun ras inget tur sadar kana kaayaan!


Duuuh gusti...tulungan abdi.



---
Lilis mayasari
Bekasi, ping 30 desember 2011
mangsa tengah peuting jempling.
Post from my Android.

Aing Djago

$
0
0

- Ku S.A. Hikmat -

image ,,Tah dada aing” Sorana mani handaruan. Kurang-kurangna teger mah nu ngadenge matak baseuh tjalana. Song dada rubakna nu buluan diasongkeun. Sorot panonna nu buringhas siga tembus kana hulu angen musuhna. Njaliara ka sakudjur awak nu keur disanghareupan. Unggal rindat, usik djeung kereteg musuhna geus kaukur. Moal kapiheulaan babar manehna mah. ,,Hajoh dia ulah ngadjedog bae.”

Si Gomar anu geus kasohor djago di daerah Tjibaliung, hatena rada hemar-hemir. Asa kakara manggih lawan anu teuneung ludeung asup ka daerahna. Sanadjan manehna geus njaho kana ngaranna oge, ari adu hareupan mah kakara, da di dunja kadjawaraan di sakuliah Banten mah teu aja nu bireuk atuh ka si Djago the. Djago-djago di Labuan, Menes, Rangkas, Cilegon, Pandeglang geus teter. Kabeh dipatjundang. Karek ku haok djeung polototna bae ge geus rea nu taluk. Komo ieu bari diparag ku si Djago djeung baladna saperti ajeuna mah.

Kareret ku djuru panon Si Gomar, balad-balad manehna sorangan bangun nu leungit pangatjian. Renghap manehna narik napas pandjang, tajohna ngumpulkeun heula tanaga djeung pangatjian.

 

,,Djadi asal idjen!” djawab Si Gomar neger-negerkeun maneh. Hatena mah teu wudu dag diug dug. Srog madju ka hareup. Bedog Tjiomasna meh ngangsar kana taneuh. Geulang bahar meulit dina pigeulang duanana. Dua djago geus adu hareupan. Nu saurang awak badag sembada, nu saurang deui djangkung leutik.

Njeh Si Djago njerengeh semu nu ngahoa. Pikirna sageprak oge Si Gomar moal teu rubuh.

 

,,Heeet” Si Djago ngagigila musuhna. Dina kalangan pentja di Banten mah sora ieu teh pikeun mere peringetan. Musuh kudu iatna sabab gorowok kieu teh biasana disusul ku panaradjang kilat nu bahja. Tapi da lain djawara sakatiga atuh si Gomar oge. Nangtungna masing angger tagen. Teu seber ku geretak nu matak katorekan. Manehna tetep ngadago gerakna musuhna. Tapi nu didago lebeng.

Ana barakatak the Si Djago ngagakgak ,,Heuh, heuh, heuh,” matak muringkak bulu punduk. ,,Heuh heuheuh, bener djago dia, njah! Deungeun-deungeun mah karek dihetkeun geh geus bidjil kokoneng.”

Rej beungeut Si Gomar beureum. Hatena ngentab panas. Leungit sagala kagimir. Ajeuna paeh isuk paeh. La haula wa la kuwata, tjeuk hatena njambat. Teuing ka saha. Ngan nu dipeleng ku mengingetna mah, guruna, nu nurunkeun sagala elmu pentja djeung kawedukan.

 

,,Hajoh dia madju”. Ragamang Si Djago rek ngarawel beuheung Si Gomar. Ieu pisan nu diarep-arep ku Si Gomar ge. Antara sasenti deui ngagilek, leungeun musuh digiwarkeun kaluar. Tapi…. Meh wae manehna kaleungitan kasaimbangan badanna. Da leungeun Si Djago sakilat: ,,leungit”. Sihoreng eta gerak tipu. Geuwat manehna menerkeun deui tangtunganana.

,,Heuh, heuh heuh” Si Djago Tjeutjeuleukeuteukan. Seuri nu karasana asa balati nurih angen Si Gomar. Saumur dumelah, karek ajeuna dipojok djeung digeuhgeujkeun dina kalang, mangkaning di lembur sorangan deuih. Renghap deui narik napas. Huntuna kekerot. Napsuna mimiti ngagudag-gudag. Gorowok manehna nantang. ,,Hajoh dia djago, madju Setan ……….”.

 

Djep nu njeungseurikeun djempe. Rej beungeut Si Djago beureum. Biwirna mani ngawet, dadana beuki didjeberkeun. Panonna molotot bangun anu rek ngalegleg.

,,Disakalikeun dia ku aing ajeuna mah, moal diomberan,” gerentesna. Sebrut peureup katuhuna nu sagede tjengkir ngahiuk. Djleng Si Gomar luntjat ka katuhueun musuhna, bari nepak siku Si Djago ku leungeun kentja, bareng djeung suku katuhuna nedjeh palangkakan. Mun nu sedjen mah dina tangtung kitu teh geus pasti beunang mamatihna.

 

Tapi Si Djago nu kakontjara maher pentjana, ngan ukur djero sasekon geus bisa ngomean tangtungna. Sret narik leungeunna nu milepas, disikukeun bari ngarengkogkeun awakna. Tulang siku diadu djeung tuur Si Gomar. Ngan sakilat duanana geus pada menerkeun deui tangtungna. Sadjongdjonan papelong-pelong. Napasna ngaharegak. Sebrut deui Si Djago ngaheumbatkeun peureup katuhuna. Tapi harita keneh ditjentok deui bari ngagilirkeun awakna ka katuhu. Atuh Si Gomar nu rek ngadua kalian mitjeun panaradjang musuhna kawas tadi teh, ajeuna kapalingan tangtung. Karek ge djleng ka katuhu geus dipapag manten ku peureup Si Djago nu ditudjukeun kana beungeutna. Gerak refleks Si Gomar teu kendor, lep manehna ngelok, brek pasang depok. Peureup kentja Si Djago ngahiuk mani bangbaraan milepas luhureun sirah musuhna. Kapaksa Si Djago ngalengkah ka hareup pikeun mere kasaimbangan tangtungna nu lontjer. Tapi karek ge tjlek sukuna kana taneuh, geprak suku Si Gomar ngagunting. Riek awak Si Djago njanggejeng. Arek dibeubeutkeun pisan, gewewek ngaranggeum buuk Si Gomar. Nu laladjo mongkek napas. Gurindjal, djleng Si Gomar luntjat heula. Geutih ngarej kana tarangna. Serepet bedogna dilugas. Gurilap-gurilap katodjo panon poe.

 

Si Djago, da beurat ku awak, teu kaburu nangtung. Kapaksa manehna ulin di handap, pikeun nahan panaradjang Si Gomar. Seak sora bedog ngahiuk njabet beuheungna. Gilek Si Djago ngagilek bari ngadepong, djekres sukuna ngagunting musuhna. Tapi Si Gomar rikat pisan ngadjleng.

Djleng ka kentja, ketjek suku Si Djago dikadek, tapi poos digiwarkeun, bles bedogna nantjeb kana taneuh. Si Gomar dina sikep nu nguntungkeun, terus njehtjer musuhna ………………. Djlung-djleng ka kentja ka katuhu bari njabet-njabetkeun  bedogna. Si Djago napasna geus mimiti ngahegak. Manehna kapaksa ngalawan musuhna ku karikatan sukuna wungkul. Kaajaanana matak pikahariwangeun.

,,Tah, Ka ………. !” Salah saurang balad Si Djago ngagorowok. Belewer aja nu ngalajang luhureun sirah Si Djago, manehna ngagilek bari njanggap bedog musuhna ku siku-siku.

 

Belentrang wadja pada wadja diadu, bareng djeung ngagoakna Si Gomar. Pluk bedogna murag tina leungeunna. Sadjongdjongan ngadjengdjen, bru nu rubuh bari sesegor, Si Gomar palastra-satria tengahing kalang. Aja nu djail ti luareun kalang!

Si Djago nu masih ngadepong bari ngahegak, olohok nendjo musuhna teu puguh-puguh  rubuh. Djung manehna nangtung lalaunan. Breh katendjo aja peso nantjeb dina tonggong Si Gomar. Barakatak manehna seuri. Geus biasa da, samangsa-mangsa manehna kapeped dina tarung, geus tangtu aja pakarang ,,rasiah” nu digunakeun ku baladna. Bubuhan rea pembela-pembela  njiliwuri djeung mopoek, maledog balati ka musuhna, ti luareun kalang. Tapi nu sohor mah tetep Si Djago bae.

 

,,Heuh ……… heuh ……… heuh !” bari njampeurkeun musuhna. Djeprot disepak, ketjoh ditjiduhan, bari ngahaok : ,,Hajoh dak, randjah imah-imahna.” Si Djago mere komando bari ludjag-ledjeg, siga nu heueuh unggul ku djalan beresih. ,,Tjalukan djarona ka dieu. Kumpulkeun djalma-djalma kabeh.”

Teu kungsi saparapat djam, awewe-lalaki geus kumpul naragog hareupeun Si Djago, bangun miris.

,,Mana djarona dak?” ,,Ieu jeuh Ka,” salasaurang baladna ngagorowok bari njuntrungkeun djaro (lurah).

,,Saha ngaran dia, hah?”

,,Badi” djawabna bari ngadegdeg.

Sanadjan manehna urut djawara oge, ari njanghareupan Si Djago mah keder. Hatena ratug tutunggulan.

,,Mimiti poe ieu dia dipotjot ku aing. Bagus keneh dia teu di podaran ge.” Ret panonna nitenan wanita-wanita  nu naragog.

,,Tah nu ieu, nu ieu, tuh nu itu, itu” bari nundjukan awewe nu taregep. ,,Djang aing eta mah. Ulah aja nu wani!”

Si Djago nu geus nalukkeun djawara-djawara di unggal kabupaten, katjamatan djeung desa, ngaranna beuki sohor bae. Beuki gede pangaruhna djeung loba pakajana, beuki matjeuh sarakahna, ngagalaksak ka rajat.

 

Angen-angen-na mah hajang bisa nalukkeun kabeh djago di sakuliah Banten, ti Udjung Kulon nepi ka Djampang Kulon. Ngaranna beuki dipikagimir bae, atuh beuki sombong, adatna mahiwal ti batur. Sagala kahajangna teu meunang dipungpang, utjapna hajang digugu bae. Lamun tjarekna : ,,Tjokot awewe itu!” djeun teuing pamadjikan batur, hih kudu wae digugu. Dibantah saeutik ge make kolu ngadek. Tapi ana geus njaah ka djelema, babakuna nu bisa ngadjilat, wah taja dunja kinasihan. Bro-broan, ka awewe mah. Sakalina mahugi oge tara diitung deui, sok imahna, sawahna, kebonna, lengkep djeung ingon-ingonna.
Tapi lamun seug kahajangna dihalang-halang. Beu, mani kawas nu ngadadak owah. Murang-maring, djubras-djebris hahaok djeung sesentak babanting bari meupeus keujang, tapi baladna geus teu helok deui. Lamun gegedugna keur ,,motah” tjara nu kasurupan teh, osok song we diasongan awewe geulis ngadadak lindeuk, bari latam-letem tjara embe badot ngadeuleu Si Bikang. Pajus disebut kolot-kolot kokorobet teh, da umur Si Djago teh geus kawilang kolot. Kitu lah kira-kira  65 taun. Tapi  kalakuanna ka wanita mah tara ieuh eleh ku nu ngarora, mun teu rek disebut leuwih gembul teh. Madjar teh, ,,meungpeung aing kawasa, sagala lubak-libuk.” Numatak Si Djago hirupna beuki kolot teh beuki mangprung. Tunggul dirarud tjatang dirumpak. Djadjauheun kana babalik pikir teh. Ari pamadjikan salawasna opat. Nu resmina kitu soteh. Ari ka saha-saha ngakuna mah Islam. Tapi Islamna ngan lebah njandung wungkul. Deugeulna (kepala batu) alahbatan budak halabhab. Rarasaanana ,,aing pang benerna sorangan”; batur mah kabeh ge salah! Aing kudu digugu!

 

Dina hidji poe sore-sore Si Djago diriung-riung ku baladna nu raket pisan. Manehna ngabaheuhaj dina korsi males. Di kamar istimewa paranti leleson djeung sukan-sukan. Gigireunana dua modjang nu barahenol tarapak deku bari mareuseulan bitisna. Saurang deui modjang keur njiaran njabutan huisna, da hajang tetep siga ngora, magar teh.

,,Daak, Daak, ……….! Sora Si Djago ngagerem. Panonna peureum beunta. ,,Kumaha Si Deugeul, djaro Mandalawangi tea geus dipotjot?”Djempling taja nu ngadjawab.

,,Pan euweuh nu njoara? Hajeh ngomong dararia!”

,,Ehm ….. Ehm …..” Si Patrik anak emasna Si Djago ngadehem.

,,Teu atjan Ka.”

,,Hah…….. ku naon?”

,,Eta…… eh…….. dihalang-halang ku anakna.”

,,Anakna? Djawara kitu?”

,,Sanes. Dja budak keneh, malah bedjana mah sakola keneh.”

,,Bating! Kapan ku budak bae bisa dihalangan. Naon daria geus djaradi bikang kitu?”

Kuniang Si Djago hudang. Bari molotot, manehna ngagorowok: ,,Mana Si Gada nu diparentah ku aing ngaganti Si Deugeul?”

,,Tatjan dongkap Ka, di Mandalawangi keneh.”

,,Hajoh teang kaditu. Heran aing mah, boga balad ketjing kitu.”

,,Pan aing nu ngagadjih daria unggal poe. Aing nu maraban daria isuk-sore. Aing nu mere pipamadjikaneun ka daria. Tjoba hajang njaho, saha nu adil djeung bageur tjara aing? Moal aja sadunja geh. Aing nu pangdjagona, aing nu pangbageurna……”

Sabot kitu di luar aja sora ribut-ribut. Djelema tinggorowok, tingdjarerit mani ajeuh-ajeuhan.

,,Naon tah?” Si Djago tjuringhak. ,,Saha nu wani ribut-ribut di imah aing? Kurang adjar……..”.

Tjan oge anggeus ngomongna, ana berejek tej djelema-djelema ti luar arasup. Panto didjedjek parabot diubrak-abrik. Bru-bro barang petjah-belah kawas dibanting-bantingkeun. Blak panto kamar Si Djago muka, aja nu nedjeh. Sampojong-sampojong aja djelema asup. Badjuna ruwak-rawek, beungeutna pinuh ku getih. Bru rubuh hareupeun Si Djago. Blus tilu djadjaka arasup. Narangtung adjeg, tapi sikepna sajaga. Pasemonna leber wawanen.

,,Tah…… Djago……! Balad andika Si Gada nu rek ngaganti Djaro Deugeul!!” tjeuk salah saurang djadjaka. Ngomongna ajem teu aja sari-sari kasima, komo gimir mah. Bangun jakin ka diri pribadi.

 

,,Haramdjadah….” Si Djago ngagorowok. Ambekanana ngahegak panonna buntjelik. ,,Saha dia hah? Deuk ngadjagoan hareupeun aing! Budak olol leho, hajoh ngomong, bisi hajang dipekprek hulu dia ku aing. Saha ngaran dia?”

,,Kula” djawab pamingpin djadjaka-djadjaka tea, ,,Ti Mandalawangi. Katelah mah Pakih.”

,,Pakih? Tjan ngadenge ngaran kitu mah. Anak saha dia hah?”

,,Kula anak Djaro Deugeul nu ku andika deuk dipotjot. Kula sabatur-batur ngahadja datang ka dieu deuk mere peringetan ka andika………..”

,,Peringetan……..? Aing deuk diingetan ku pantaran kitu? Budak bau djaringao? Heuh, heuh, heuh, heuh……”

Belewer aja nu ngalajang luhureun sirah Si Djago. Tjleb peso balati nantjeb kana panto tukangeunana. Manehna ngarendjag tuluj malik. Sabot malik serepet aja nu ngagaris kana leungeun badjuna. Rikat manehna njingtjet. Tjleb deui peso balati nu kadua nantjeb dina kosen panto.

,,Bangsat dia, nangtang gelut ka aing?” bari nepakan dadana. Si Djago sosoak: ,,Jeuh aing Djago. Aing nu kawasa, aing nu ngereh sakuliah Banten. Dararia mah tjatjing tjau! Budak olo-leho, tjan njaho di nu djagoan. Aing nu geus loba pangalaman, aing nu geus seubeuh mandi geutih, aing…………….”

,,Ngadjedog ulah loba pidato andika!” tjeuk Pakih tetep ajem. ,,Geus bosen kami mah. Tembongkeun ajeuna kadjagoan andika. Geus datang mangsana andika ngeureunan sagala kadjahatan, kadoliman djeung kasarakahan. Rajat laleutik geus teu sabar deui digarong pakajana, dirampas anak-pamadjikanana ku andika djeung balad andika. Meudjeuhna ajeuna andika tobat ka Pangeran djeung sumpah hareupeun batur-batur kami, jen moal deui-deui ngaruksak kaum wanita…….”

,,Heuh, heuh, heuh. Deuk njingsieunan dia ka aing? Heuh, heuh, heuh. Dak, dak! Deleh ku daria ieu tjatjing-tjatjing tjau, deuk maraksa ka aing kudu taluk? Heuh, heuh, heuh….”

Borobot djandela aja nu naradjang. Putjunghul sirah barudak narolol. Belewer-belewer batu sagede-gede kaletji merekpek sirah djeung beungeut Si Djago. Manehna pakupis nakis, hut-het, djlung-djleng, tapi atuda murubut datangna, sanadjan maher pentja, teu burung baluntjunur tarang djeung sirahna.

Ambek njedek tanaga midek. Tungtungna mah ngadjendjen weh.

 

,,Eureun!” Pakih mere komando ka anak buahna. ,,Hajoh Djago kumaha karep andika ajeuna? Sanggup sumpah? Sanggup ngeureunan sagala kadjahatan djeung kadoliman? Atawa hajang digorok andika ku anak buah kami?”

,,Eh… eh… eh… Nanaonan ieu kasep. Kapan Mamang ti baheula geh tukang ngurus djelema leutik. Njaah, deudeuh ka pakir-miskin. Teu rumasa Mamang mah. Demi Allah daek paeh kasarad, tilok ngabinasa ka sasama manusa. Hiih haram geh hukumna ……”

,,Ari eta andika sok ngarusak kaom wanita. Tjruk-tjrek kawin ka ditu ka dieu, djaba ngundeur. Pakaja batur dirampas, njawana dipegatkeun.”

,,Masja Allah, pitenah eta mah. Pitenah kasep, ulah sok dipertjaja. Mamang nu ngarondjatkeun harkat kaom wanita mah. Mamang nu geus korban melaan rakjat djembel. Sing pertjaja ka Mamang. Ulah kaosol ku batur Sep. Maranehna mah sirikeun ka urang…” djawabna neger-negerkeun maneh. Tapi dina hatena mah njeungseurikeun. Lah pilakadar bebenjit kamari ieu. Njaho ge moal urusan kolot.

Ari eta, pamadjikan andika nu ngarora, kapan pantesna mah djadi intju. Kabeh meunang papaksa. Lain ngaruksak wanita ari kitu?”

 

,,Aih, aih kasep. Eta mah amal soleh, Mamang mah sosial ka saha-saha oge.”

Tajohna mah batur-batur Pakih geus teu sabar; djlung-djleng laluntjatan tina djandela. Rob ngalingkung Si Djago bari tinggorowok djeung mesat bedog. ,,Gebruskeun bae ka Tjiliman! Tarandjangan, urang arak ka kota. Bui, bui, asupkeun ka pangbuian….gebugan heula!”

,, Stop dak!” Pakih mere komando.

Djep djempling. Sanadjan ngarora keneh oge, ari kana disiplin mah njaraho. Nurut ka pamingpin.

Srog Pakih madju bari ngomong : ,,Ieuh, Djago, bisi teu njaho batur-batur andika kabeh geus ditewakan ku anak buah kami djeung ku rajat. Digarebugan patingdjaropak. Kari andika ulon-ulonna. Bisi panasaran hajang ngalawan, pek andika kari meta. Arek silih kadek ku bedog, arek silih tewek ku peso, kami teu sieun.

 

Harta banda maneh nu asal meunang ngarampas sarta diaraku ku nu bogana, ku kami dipulang-pulangkeun ka nu boga milik. Boh nu aja di andika, di pamadjikan andika, di anak, di baraja, anu tetela meunang teu halal mah, kabeh dipulangkeun ka nu bogana.

Bisi teu njaho, rajat Tjibaliung ajeuna geus beunta, geus hudang, geus samiuk, kabeh idjideun, ambekeun ka andika. Lamun ajeuna ku kami dihutjuhkeun, moal kungsi lima menit andika djadi bangke! Ngarti?”

 

Lamun andika hajang salamet pandjang umur, ajeuna keneh talak pamadjikan andika opatanana, sina mulang ka salaki-salakina nu bareto. Andika pribadi memeh surup mata poe kudu geus indit ninggalkeun Banten. Hade tetep matuh di Banten, tapi kudu tarima hulu andika misah tina awak.”

,,Gorowok ti luar rame : ,,Peuntjit bae ajeuna! Peuntjiiiit!”

Si Djago anu sok susumbar-gumagah teh, harita mani ,,peot” bawaning ku sieun. Ngolesed tina korsi males bari njembah atjong-atjongan, menta hirup.

,,Haju urang tinggalkeun” Tjeuk Pakih ,,Kateuteuari ngalajanan nu burung…..”.


Carpon Titis Tulis

$
0
0

image Nis, ieu Maya, sobat anjeun baheula. Geus tilu kali ngetrok panto, ku naon teu dibuka bae? Lampu di tengah imah ngemprah keneh. Sora televisi kadenge ka luar. Karek tabuh salapan ieu teh, piraku Ninis geus tibra. Asa moal salah imah deuih. Maya geus tatanya ti gapura komplek keneh. Kabeh nu ditanya nuduhkeun ka dieu, ka nomer ieu. Jeung moal keur kagok digalentor ku salaki meureun, pan Ninis teh rarangdaan keneh lin?

Nyangka kitu teh pedah ceuk Ninis sorangan, kapok teu hayang deui boga salaki. Inget keneh teu basa opat taun ka tukang urang ngobrol duaan di warung sate Pa Kumis? Ti harita urang can bisa tepung deui.

"Sorangan bae Nis, keur ka mana ari Kang Adin?" kitu barang gok tepung di warung sate teh.
"Tong nanyakeun Si gejul, mending ge murak sate sing wareg!" tembal anjeun bari diuk gigireun, beulah katuhu.
"Har, ku naon kitu? Keur pasea?"

Harita paroman anjeun ngadadak alum. Terus robah jadi jamotrot kawas nu ambek. Untung Ninis mah geulis, najan keur jamedud ge angger we siga Bella Saphira. Rancunit matak pikabitaeun lalaki. Keur mah boga awak sampulur bari bahenol, puguh we matak moho sakur nu nenjo.

"Geus pisah jeung Si jurig teh, geus rek sataun!" ceuk anjeun bari jebi.
"Baruk? Tega geuning Kang Adin teh? Teu cara baheula keur hayangna, mani teu sirikna ngalehor dina golodog?" cekeng kaget pisan.
"Numatak ge, lalaki mah teu bisa dicepeng pamadeganana. Hanas keur bobogohan jeung Kang Iwan kapaksa dipegatkeun. Tuda watir ku melas-melisna. Jeung kataji ku keyengna we, mikahayang ka urang teh teu sirikna bebeakan. Geus puguhna surat murudul teh unggal minggu, apan lamun datang ge teu weleh angkaribung jingjing bawa. Atuh lamun balik ti panyabaan, memeh datang ka kolotna teh ngaheulakeun ka urang heula. Kitu deui mere duit pamahugi, eusi amplop teu weleh kandel. Sok we, saha awewena nu teu kaceot!"
"Enya, apal Maya ge. Tapi naha atuh bet tibalik lemah? Lain pedah Ninis katohyan nyelewer?"
"Euleuh, goreng teuing sangkaan teh, May?"
"Ih, pedah keur usum we. Pan ayeuna mah nu nyelewer teh teu pandang cacah atawa menak, teu di rahayat teu di pajabat...," nembal teh bari ngagalokeun kecap kana samara sate.
"Lain manehna nu nalak, tapi Ninis sorangan nu menta pisah. Ninis nu ngagugat talak ka pangadilan agama. Alhamdulillah hasil."
"Deuh, rame geuning Nis? Jadi, Kang Adin nu nyelewerna?"
"Lain perkara nyelewer, May. Kang Adin robah jadi euwah-euwah!"

Nis, inget keneh teu, harita Maya. Teu ngarti naon nu dimaksud ku Ninis. Maya panasaran hayang ngadenge lalakon nu sagemblengna, tapi Ninis kalah jongjon ngahuap. Sakitu geus beak tilu tiir, Ninis teu daek pok bae.

"Pok atuh, Nis!" cekeng, gantung areuyeun.
"Naon?" ceuk Ninis, malik mencrong.
"Eh, ari Ninis bieu tos ti mana heula?"
"Murak sate!"
"Ih, Maya mah mani ti dengdek-dengdek hayang ngadenge lalakon Kang Adin jadi euwah-euwah..."

Anjeun nyikikik. "Sugan teh teu panasaran," bari kop deui nyokot tiiran sate.

"Dasar gembul!"

Lalakonna panjang, May."

"Kajeun panjang oge, sok atuh caritakeun, meungpeung panggih," ngahaja sendok diecagkeun, ngahuap eureun heula bakat ku hayang saregep ngadengekeun.
"Mimitina mah saprak Kang Adin di-PHK," ceuk anjeun muka carita. "Lantaran hayang boga gawe deui, manehna meh unggal poe indit ngasup-ngasupkeun surat lamaran. Tapi nepi ka tilu bulan can aya nu narima bae. Antukna duit pasangon nu teu sabaraha gedena teh beak dipake kabutuh sapopoe. Tah, ti harita sikep Kang Adin mimiti robah. Manehna kawas nu peunggas harepan. Duka ku naon jadi remen meuli inuman nu teu paruguh. Lamun indit ti imah, balikna meh tengah peuting bari sasampoyongan mabok. Jadi gede ambek deuih. Komo lamun euweuh duit mah, wani nyiksa sagala ka Ninis teh."
"Euleuh, kutan kitu Nis? Terus kumaha?" cekeng wuwuh bengong.
"Hiji poe Kang Adin ngajak ulin. Cenah mah ngajak nganjang ka sobatna nu rek mere pagawean. Anehna, Ninis kudu dangdan kawas rek ka pesta dangsa. Kudu geulis, kudu menor, kudu seksi, cenah. Tara-tara ti sasari Ninis kudu make baju nu nyitak awak jeung erok pungsat. Jeung deui teu meunang mawa budak, May."
"Ninis teu nolak?"
"Ih, puguh we nolak mah. Pan iraha teuing Ninis dangdan kawas jablay. Komo bari kudu ninggalkeun budak nu anyar dikisat. Tapi Kang Adin keukeuh maksa. Gaul cenah sakali-kali mah. Meh bebas, budak pihapekeun ka tatangga, pokna teh."
"Tapi bener nya nganjang ka sobatna?"
"Nu matak, ti harita Kang Adin gejulna teh. Manehna jadi euwah-euwah May!" ceuk anjeun bari paroman ngariuk nguyung. Tina juru panon ebreh aya nu ngembeng. Lila-lila peupeus ngalembereh mapay pipi.
"Maksud Ninis?"
"Ninis teh dilacurkeun, May. Ninis dijual ku Kang Adin ka sobatna."
"Astagfirulloh...!" ngadadak dada karasa eungap.
"Lain ukur sakali eta, May. Unggal manehna butuh duit, Ninis terus dilacurkeun."

Nis, ngadenge kitu jajantung Maya asa rek pegat. Sakedapan ngaheunggeu. Asa percaya asa henteu. Naha Kang Adin jadi nista? Apan baheula mah sakitu bageurna? Jeung asa boga dosa ka Ninis teh, lantaran Maya sorangan nu nepungkeun Ninis ka Kang Adin.

"Ari Ninis teu bisa ngalawan pisan?"
"Hese nyaritakeunana, May. Nolak jeung ngalawan mah asa geus kurang kumaha. Dasar jelema gejul, beuki wani ngalawan beuki pohara nyiksana. Nu ngaranna ditampiling mah geus teu kaitung duka sabaraha kali. Lamun nolak ngalayanan lalaki bawa manehna, sapeuting eta Ninis digantung. Sirah di handap, suku di luhur..."
"Ya Alloh, ya Robbi...!"
"Ninis ge kungsi kabur May, tapi kacerek deui. Ti harita Kang Adin ngancam, lamun Ninis nolak dilacurkeun, cenah keur gantina Si Pipit rek dijual!"
"Beu!"
"Sok pikir ku Maya. Kajeun Ninis jadi korban ti batan anak nu dijual," anjeun harita terus nyegruk.

Harita teh Maya ge kabawakeun ceurik, Nis. Urang paungku-ungku duaan. Teu ieuh malire tukang sate nu kumisna ngadadak lempes. Maya bisa ngarasakeun kumaha paitna nasib Ninis. Ceuk paribasa mah Ninis the lir ibarat maju jurang mundur jungkrang.

"Hadena we ka Ninis aya jalma nu haat nulungan," ceuk anjeun sanggeus cimata urang mimiti saat.
"Kumaha dongengna, Nis?" cekeng bari curinghak.
"Sakali mangsa Ninis dilacurkeun deui. Poe eta mah teu dianteurkeun ku Kang Adin, tapi ngadon nitahan sobatna. Ninis diserenkeun ka hiji lalaki perlente. Aneh, nu ieu mah keur kasep teh someah. Apan nu sejen-sejen mah barang gok oge sok langsung rorontok muka anderok. Tapi nu ieu mah kalem pisan. Boro-boro ngarontok, diuk ge teu wani padeukeut. Di kamar hotel teh, Ninis diuk dina biwir ranjang, manehna mah camekblek we dina korsi."
"Geuning, aya nu kitu lalaki teh?"
"Ninis ge heran, May. Manehna kalah ngajak ngobrol, tatanya naon kasang tukangna pangna Ninis cenah jadi awewe panggilan. Ah, kasempetan ceuk pikir teh. Brak we dibuka sagalana. Meureun geus kersana Nu Kawasa. Eta lalaki teu pisan wani ngoromeoh. Kalah dek we nyieun reka perdaya. Nya ku anjeunna salaki gejul teh dijebloskeun ka panjara, sakalian Ninis dibantuan ngagugat talak...."

Duh, mani ngemplong ngadengena teh, Nis. Alam dunya asa ngadadak blungblang. Warung sate nu sumpek ge asa robah jadi stadion. Enya, bakat ku milu bungah.

"Nu matak, geus Ninis mah teu hayang deui boga salaki. Kapok. Ayeuna mah rek ngurus si Pipit di lembur. Rek disakolakeun sing luhur. Rek dipasantrenkeun. Sugan we jadi budak anu solehah," anjeun ngebrehkeun harepan.
"Maya salut ka Ninis," cekeng bari ngarangkul. "Maya angkat topi. Teu sangka Ninis bisa teger, tabah jeung tawekal. Mun Maya nu ngalaman kitu, duka bakal kumaha. Paling ge geus we maehan maneh. Gantung diri. Rek marakayangan jadi ririwa. Rek diuber salaki gejul kitu mah. Ngahukumna teu cukup ukut dibui kawas Kang Adin ayeuna. Salaki ucut burung mah kudu dijungjurigan sangkan paeh molotot!"
"Hush, nyarita teh sok sompral kitu, kumaha mun dituliskeun jurig?"
"Bae dituliskeun jurig mah, asal ulah dituliskeun malaikat we!" ngawalon teh bari jebi.

Nis, ayeuna Maya aya di teras. Ku naon ngetrok panto taya nu ngawaro? Geus tibra sare kitu? Boa Ninis jalir jangji, geus boga deui salaki. Mun enya teh, meureun ayeuna keur dikeukeupan, atawa keur ngahenen diparende ku bebene pamepes hate.

Ti saprak pisah di warung sate Pa Kumis tea, urang can bisa tepung deui. Bongan Ninis balik ka lembur. Maya teu nyaho ka lembur Ninis. Apan salila sosobatan teh urang mah teu ingkah ti kota Bandung. Tadi oge mapay-mapay we tatanya ka saban jalma nu kaparengkeun panggih di jalan.

Maya teh rek menta tulung, Nis. Bet sanasib geuning urang teh. Meureun sakumaha ceuk Ninis harita, omongan Maya dituliskeun jurig. Salaki Maya ge robah jadi euwah-euwah kawas Kang Adin. Maya sarua dilacurkeun ku salaki.
Duh, nyeri batin teh, Nis. Ampir saminggu tilu kali Maya kudu ngalayanan lalaki culas. Maya dipaksa teu meunang embung. Kawas Ninis harita, sarua Maya ge remen disiksa. Mun teu ditampiling, nya didagorkeun kana tembok. Sakapeung Maya dilelep-lelep dina bak mandi, terus dikerem sapeuting jeput.
Teu kuat Maya mah, Nis. Teu bisa teger jeung tabah kawas Ninis. Tilu poe ka tukang Maya nekad maehan maneh. Maya gantung diri, Nis. Boa Ninis ge terang kasusna dina Buser atawa Sergap. Kasus Maya diliput ku kabeh stasion tivi. Kungsi nonton teu?
Nis, geus dua peuting Maya marakayangan. Geus dua peuting ngubek kota Bandung neangan salaki. Cara omongan Maya harita, salaki gejul teh rek diuber. Rek diririwaan. Rek dijungjurigan ngarah paeh molotot.
Nis, ieu Maya aya di hareupeun imah. Buka atuh pantona. Piraku kudu gegedor? Maya bingung Nis. Salaki can kapanggih keneh. Duka ka mana kaburna tah jelema gelo teh. Sugan atuh lalaki nu bareto nulungan Ninis ayeuna bisa nulungan ka Maya. Pangnewakkeun salaki Maya. Lamun geus aya di pangberokan, keun bagean Maya nu ngajungjurigan. Satuju, Nis? ***


Bogor, 200309
Ku Dedin Rohaedin
Dicandak ti: Majalah-mangle


Created with PhotoShake for Android

$
0
0


Carpon Basa Sunda : Bulan Wanci Sareupna

$
0
0

Teu karaos waktos nyerelek, tapi ieu tepas masih keneh lowong hehe…maklum simkuring nuju saribuk ngurus itu ieu dak!
Ieu mah mung sakur pangbberah manah bae, mangga…manawi katampi, carita di candak ti Daluang.com (manawi teu kaabotan kang Dadan hehe).

http://amittophoto.net63.net/web_images/siluet.jpg

Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku tilu béntang anu tingkariceup. Geus teu kadéngé deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri deui runggunukna pilemburan jeung ngamparna pasawahan. Bieu, pabuburit, kapal geus miang ninggalkeun palabuan. Ninggalkeun salaksa katineung di ditu, di bali geusan ngajadi.

Asa cikénéh, tur asa detik bieu pisan, kuring nénjo marakbakna kembang samoja di pipireun imah. Tangkal samoja gigireun kuburan bapa, anu ku ema mah dipiara pisan. Malah saméméh ema ninggalkeun, nyusul bapa ka kalanggengan, ukur hiji anu diamanatkeun téh; pangmiarakeun tangkal samoja. Ayeuna, amanat ema téh kamomorékeun, lantaran kuring kaburu indit. Teuing saha nu bakal neruskeun miara éta tangkal samoja.

Indit téh éstuning taya kereteg ti méméhna. Teu boga niat ti anggalna. Malah henteu kungsi ngimpi-ngimpi acan. Isuk-isuk, basa kuring rék nyawang meletékna panonpoé nu baris maturan hirup kabeurangnakeun, Pa Érté ngaronghéap. Datangna teuing ti lebah mana, da ujug-ujug ngajanteng hareupeun. Katémbongna mani geus saged, beberengkes, bangun rék indit-inditan.

“Hayu atuh!” pokna.

“Hayu? Ka mana?” kuring kerung.

“Har, apan kamari geus dibadamian. Urang téh rék nyaba ka jauhna, ka alas peuntas. Urang nyiar kasenangan di ditu!”

“Asa kakara ngadéngé kuring mah?”

“Aéh-aéh, apan geus dibéjaan ti tangéhna ogé. Urang téh rék nyaba ka ditu. Matak harita bapa omat-omatan, sing loba ngumpulkeun bekel. Sing bisa ngajeuhjeuhkeun pakeun sarta ulah natambuh waktu. Bekel ieuh, kudu mawa bekel!”

“Kumaha atuh, da kuring mah teu boga nanaon?”

“Keun baé, kitu wéh. Buru-buru, bisi katinggaleun ku kapal!”

“Saha baé nu milu téh?”

“Loba. Geus taruluy batur mah!”

Mani asa rurusuhan indit téh. Asana mah, henteu mandi-mandi acan. Da éta, Pa Érté mani ngabebereg, henteu méré pisan témpo. Kuring nepi ka poho, henteu ngonci heula imah, henteu maraban domba, atawa nitipkeun pakaya jeung tangkal samoja ka nu aya di lembur.

“Keun baé da engké ogé aya nu ngurus!” cék Pa Érté sajeroning leumpang.

Nepi ka palabuan, enya baé geus ngagimbung loba jelema. Rombongan ti lembur kuring, misah di beulah wétan. Pa Kuwu, Pa Olot, Pa Lebé, Ulis Odang, Hansip Oding, Bah Wirya, katémbong keur ngabaredega. Panonna neuteup ka tengah jaladri. Bangun nu keur nyawang pikahareupeun.

Kapal anu rék mawa kuring – teuing ka mana, da Pa Érté can kungsi ngécéskeun – geus ngajugrug di basisir. Kapal anu nya badag nya jangkung, asa can kungsi manggih tandinganana.

“Geus kumpul saréréa?” cék Pa Lebé.

“Parantos sigana mah,” Pa Kuwu nu ngawalon téh.

“Hayu atuh urang indit ayeuna!”

Kabéh asup kana kapal. Dipingpin ku Pa Lebé. Tapi anéh, ari barudakna mah henteu sina milu. Kalah ka diantep ngajanteng di sisi basisir. Katémbongna, maranéhna bangun sedih naker. Loba nu carinakdak. Malah kadéngé lapat-lapat, aya nu ngahariring lagu Pileuleuyan. Euleuh, geuning aya nu maca tahlil sagala rupa.

Basa hatong kapal disada, asa aya nu ngajedud dina jajantung. Nya di basisir ieu pisan, saniskara katineung baris diteundeun, biheung kasampeur deui.

Nepi ka ayeuna, sajeroning nangtung dina dék kapal, kuring bingung kénéh. Rék ka mana ieu téh? Saenyana, éta pananya bisa ditepikeun ka Pa Érté, atawa ka saha baé. Ngan can aya waktu nu rinéh. Sabab kabéh ogé, keur anteng narangtung bari nyawang cai laut nu ririakan kasorot bulan nu beuki pias.

Nu ngajanteng di dék kapal téh, nu keur ngalamun kawas kuring, jumlahna teuing sabaraha urang. Ngajajar heuleut saméter. Kawas nu dikomando, leungeun maranéhna nangkeup harigu. Sorot panon ka jauhna, teu ngiceup-ngiceup.

Moal boa, ieu kapal keur nyuruwuk meulah jaladri. Gancangna teuing sakumaha, geus teu karasa.

Pa Érté ngajanteng pisan gigireun kuring. Teuing iraha jolna, da tadi mah anu ngajanteng lebah dinya téh Pa Olot. Asa manggih kasempetan pikeun nepikeun kapanasaran, Pa Érte gancang ditoél.

“Pa, rék kamana urang téh?”

“Engké ogé apal sorangan!” walonna bari henteu ngarérét-rérét acan.

Ngadéngé jawaban kitu mah, angger baé lebeng. Poékeun. Nya kapaksa baé, keur saheulaanan mah, dijawab ku sorangan. Dumasar kana sawatara kajadian harénghéng di lembur.

Bisa jadi, pangna Pa Lebé saparakanca ngajak miang téh, lantaran kaayaan lembur geus henteu pikabetaheun deui. Paceklik nu panjang. Kurang dahareun. Pagebug. Loba kasakit. Taneuh nu angar. Matak rungsing jeung henteu tingtrim. Enya ari nineungna mah, napel kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh Pa Lebé, boh nu séjénna, kawas nu mentingkeun sorangan. Naha ari anak pamajikan henteu dibawa, diculjeunkeun kitu baé? Saha nu ngurusna?

Kituna mah, aya alesan maranéhna indit ninggalkeun lembur ogé. Alesan anu ku kuring karasa jeung karampa. Méh kabéh anu ayeuna keur nangtung dina dék kapal, papada boga bangbaluh hirup. Ninggalkeun pasualan di ditu, di lembur. Pasualan anu nepi ka maranéhna miang ogé, biheung geus réngsé.

Kuring leumpang lalaunan. Mapay-mapay jajaran jelema-jelema anu keur narangtung nyawang jaladri. Kuring neuteup Pa Érté. Dina panon Pa Érté katara aya nu ngembeng. Boa manéhna keur ingeteun ka pamajikanana, da basa ditinggalkeun téh keur meujeuhna bureuyeung. Atawa inget ka anak anu keur meujeuhna kembang buruan. Kuring apal pisan, hirup Pa Érté ti baheula ogé henteu manggih kamarasan. Imahna nu nenggang di tungtung lembur, nu geus déngdék ka kénca alatan dihakan umur. Cék béja, ti barang rumah tangga Pa Érté hayang ngoméan éta imah téh. Keun bae panggung ogé, weweg-weweg atuh. Tapi tepi ka ayeuna ogé angger baé. Henteu robah, henteu kaganti golodog-golodogna acan. Kalah ka pamajikanana ririwit. Mindeng gering jeung kurang kasabaran, pédah hirup Pa Érté taya menyatna.

“Hésé geuning hayang ngawangun imah téh, Jang!” cék Pa Érté harita, hareupeun Pa Lebé.

“Cék kuring mah, jieun heula tihangna anu weweg!” walon Pa Lebé.

Enya, kawasna mah, pangna panon Pa Érté nepi ka ngembeng ogé alatan inget ka dinya. Inget ka imah anu henteu kungsi kaoméan.

Kuring ngaléngkah deui. Bagean Pa Olot ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah leuwih ngembeng ti panon Pa Érté. Naha Pa Olot téh inget ka budakna anu minculak ti batur? Enya, Pa Olot téh geus masagi dina dunya barana mah. Ngan sapopoéna teu weléh ngungun alum. Komo saprak Si Unéd mangkat rumaja mah. Si Unéd anu kakocapkeun sakola ka kota, mindeng nyieun masalah anu matak wirang Pa Olot. Komo apan, Pa Olot téh jadi jelema anu dipikolot, picontoeun urang lembur. Kari-kari ayeuna dikotoran ku kalakuan anak. Enya. Si Unéd anu sok mabok. Si Unéd anu – cék Pa Olot – jauh tina agama. Si Unéd anu kungsi ngagadabah Nyi Imas.

“Aing téh henteu bisa mingpin kulawarga. Henteu bisa ngalelempang paripolah anak!” kadéngé Pa Olot gegerendengan. Nyaritana bangun hanjelu naker. Kawas bijil tina haté nu pangjerona.

Kuring ngaléngkah deui. Pa Kuwu ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah katémbong geus aya nu ngalémbéréh. Nyarakclakan. Murag kana dék kapal. Naon anu dipaké sedih ku Pa Kuwu? Asana téh taya cawadeunana. Tur kuring henteu kungsi nyaksian Pa Kuwu meunang bangbaluh. Salila mingpin désa, asa taya codéka nanaon. Malah kapaké pisan. Enya, ari kabeungharanana mah misah ti batur. Imahna ngajengléng. Kakocapkeun bulan hareup mah rék meuli mobil. Pakayana nu lubak-libuk, cék manéhna sorangan, lain hasil idek-liher di balé-désa. Tapi meunang meres késang, ladang dug hulu pet nyawa. Kari-kari ayeuna, Pa Kuwu ogé milu indit jeung Pa Lebé. Naha henteu lebar ninggalkeun pakaya, ninggalkeun pamajikan bahénol, ninggalkeun kasugemaan hirup?

Naon anu keur diimpleng ku Pa Kuwu, henteu kabaca saeutik ogé. Tapi sanggeus sakitu lilana didagoan, Pa Kuwu méré jawaban. Kawas nu surti, kuring téh hayang nanya kitu.

“Di dinya moal apal, naon anu keur jadi kabingung. Sabenerna, ku di dinya ogé bisa dijawab. Bisa dirarasakeun. Naon anu ku di dinya dipaké handeueul satutas ninggalkeun lembur?” pokna.

“Kuring mah henteu boga nanaon, Pa Kuwu. Imah geus rék runtuh, sawah jeung tegal teu boga. Ukur hiji anu dipaké hanjelu téh, kuring geus ngamomorékeun amanat Ema, miara tangkal samoja!”

“Lain, aya kénéh sajaba ti éta,”

“Naon?” kuring dangah, neuteup Pa Kuwu nu paromanna angger, teu riuk-riuk, teu némbongkeun robahna semu.

“Pikiran baé ku sorangan!”

Lebeng. Henteu kapikir.

Bagéan Pa Lebé anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah lain ngembeng deui, nyurulung mapay pipi, mapay beuheung, parat nepi kana sukuna.

Pa Lebé, kuring apal pisan. Lalaki anu sapopoéna teu weléh basajan. Imahna lebakeun tajug, ukur kahalangan tangkal jambu. Pa Lebé anu tara leupas ti kopéah jeung – sakanyaho – tara ninggalkeun istigpar. Nilik kahirupanana mah, Pa Lebé henteu kasebut bisa usaha. Malah tepi ka kiwari, hirupna angger nyorangan. Pamajikanana maot, sapuluh taun katukang. Ti harita, kawas henteu boga deui niat rarabi. Sapopoéna idek-liher di tajug. Mapagahan barudak nu hayang diajar ngaji.

Padahal, naon anu dipaké sedih pikeun Pa Lebé mah. Miangna ti lembur, asana mah henteu ninggalkeun kabeubeurat. Atawa melang ku tajug, bisi euweuh nu ngurus. Bisa jadi, ngan éta-étana anu dipaké hariwang ku Pa Lebé mah. Inggis taya nu bisa neruskeun tapak-lacakna.

Henteu kaburu bisa ngawangkong. Sabab lir dikomando deui, anu ngajaranteng dina dék kapal téh arasup ka jero. Tinggal kuring ngajanteng sorangan. Satadina mah rék nuturkeun, ngan asa betah kénéh. Sabab bulan anteng maturan peuting, najan sorotna beuki pias. Cai laut angger ririakan. Kapal terus ngabiur, ngabiur teuing ka mana.

 

***

Transmigrasi. Pindah ka alas peuntas. Néangan hirup jeung huripna. Di ditu, di tempat nu ayeuna rék dijugjug. Ukur éta anu aya dina ingetan kuring mah. Sabab rék ka mana deui, ari lain transmigrasi mah. Kawasna Pa Lebé saparakanca kapincut ku dongéng Mang Satibi baréto. Puluhan taun ka tukang, Mang Satibi kungsi indit ninggalkeun lembur. Anu séjénna mah, harita, kalah ka tingbirigidig diajak nyorang sagara téh. Ngan Mang Satibi anu beunang disebut nékad. Inditna kadua pamajikan. Henteu mawa bekel nanaon. Heuleut lima taun ti harita, Mang Satibi nganjang deui ka lembur. Terus ngadongéng, kumaha senangna di alas peuntas. Cék dongéng Mang Satibi, di ditu téh manéhna geus bisa nyieun gedong, meuli motor, meuli sawah jeung tanah. Padahal pagawéan sapopoéna mah henteu hésé, ukur ngurus kebon sawit.

Pasti. Pa Lebé saparakanca, kaasup kuring, rék transmigrasi. Rék ngarobah hirup di ditu, di alas peuntas. Eukeur mah kaayaan di lembur geus teu pikabetaheun, katurug-turug kawasna mah ingeteun kana dongéng Mang Satibi téa.

Ngan anéhna, nu aya dina kapal, bet henteu nyaritakeun kaayaan di ditu, di tempat nu rék dituju. Kalah ka patingharuleng bangun ngadadak manggih kabingung. Malah aya ti antarana anu nepi ka luh-lah, kawas peunggas harepan. Ilaharna mah, lamun rék nyanghareupan kabagjaan – sebut baé kahirupan di alas peuntas téh kabagjaan – lain ngeluk tungkul siga nu bingung. Malah sakuduna béar marahmay. Taya salahna sapanjang jalan gogonjakan, seuseurian, patingcakakak sangeunahna.

Enya, kaayaan di jero kapal téh kalah matak sareukseuk. Di ditu, di dieu, pinuh ku nu ngadon ngalamun. Taya nu katangén ngobrol ngalér-ngidul. Taya nu katémbong melenyun udud. Maranéhna kawas nu jongjon jeung dirina séwang-séwangan.

Kapal téh terus nyemprung meulah jaladri. Geus henteu kadéngé sorana, awahing ku tarik. Ngan anéhna, geus mangbulan-bulan, henteu nepi baé ka nu dituju. Kalah ka pengeusi kapal lir nu beuki tagiwur. Beuki anteng ngalamun. Beuki jongjon jeung dirina séwang-séwangan.

“Rék iraha nepina ieu téh?” kuring nanya ka Pa Olot. Tapi ditanya ngadon ngeluk, bari kapireng sorana inghak-inghakan.

“Ku naon Pa Olot?”

Henteu ngajawab.

Nyampeurkeun Pa Érté, sarua henteu ngawalon. Komo ari Pa Kuwu mah. Hansip Oding, Ulis Odang, Bah Wirya, sarua ngabaretem.

Kapal angger nyemprung, teuing rék iraha eureunna.

Pangeusina geus loba nu inghak-inghakan. Malah terus careurik patarik-tarik. Ngaguruh sapangeusi kapal. Kuring bingung pipetaeun, naha kudu milu ceurik? Tapi kapal angger nyemprung. Angger teu soraan. Kuring kukurilingan, ka rohang nahkoda. Tapi taya sasaha. Kapal maju ku sorangan. Kawasna, nahkodana ogé keur milu ceurik.

Teuing meunang sabaraha bulan, maranéhna ceurik téh. Lila-lila, tina ceurik téh, jadi patinggorowok patarik-tarik. Kaasup Pa Érté, Pa Lebé, Pa Kuwu, jeung nu séjénna.

“Hayang balik deui. Gancang balik deui!” pokna.

Tapi kapal henteu eureun. Jajauheun nepi malik arahna. Asa ketir nénjo kitu mah. Kaasup kuring bet hayang balik deui. Sabab asa aya nu tinggaleun di lembur téh. Enya, asa aya nu tinggaleun.

“Moal, karah kumaha ogé, anjeun moal bisa balik deui!” aya sora ti gigireun, basa kuring keur nangtung ngumbar katineung dina dék kapal. Sora anu agem. Tur kuring kakara ngadéngé sora sakitu agemna. Basa dilieuk, aya nu maké baju sarwa bodas ngajanteng.

“Saha anjeun?”

“Pangeusi ieu kapal!”

“Enya, tapi naha bet nyampeurkeun kuring?”

“Pédah wé, katémbongna siga nu bingung!”

“Naha anjeun henteu milu ceurik?”

“Naon nu perlu diceungceurikan?”

“Itu geuning batur mah …”

“Enya, maranéhna ceurik hayang balik deui ka lembur. Sadetik wé cenah. Aya nu tinggaleun di ditu!”

“Kabéh aya nu tinggaleun?”

“Enya!”

“Kaasup kuring?”

“Bisa jadi!”

“Ké, ari ieu kapal téh rék kamana? Geuning henteu nepi baé?”

“Engké ogé bakal nyaho!” pokna bari terus ngaléos.

Kuring ukur bati ngahulengna. Asa teu kaharti. Nu gogorowokan beuki tarik. Sora Pa Kuwu mani pangtarikna.

“Hayang balik deui!” cenah. Enya, dipikir-pikir mah, kuring ogé asa aya nu tinggaleun. Pamustunganana mah sapamadegan jeung maranéhna : hayang balik deui.

Tapi kapal terus nyemprung. Teu beunang dieureunkeun. Kalah cimatana pangeusina terus maruragan. Ngamalir dina dék-dék kapal. Terus ngeyembeng. Beuki loba. Beuki pinuh. Pamustunganana kapal déngdék pinuh ku cimata. Terus déngdék. Pangeusina patingkocéak. Kuring hareugeueun. Kapal beuki tilelep. Saméméh karem, kuring bisa kénéh neuteup bulan nu beuki pias …***

Saung Pangreureuhan, 2000
sumber: daluang.com



Carpon: Cinta di Lamping Gunung Cakrabuana

$
0
0
Gunung cakrabuana
Teu dihaja kuring liwat ka ieu lamping deui, lamping di sisi gunung Cakrabuana, anu mere kawaas mangsa sababaraha puluh taun katukang. Narembongan deui ngolebat dina sisi lamping tingarudat siga muter film di bioskop. Kuring meungpeun beungeut asa wegah jeung nyeblak basa kagambar hiji wanoja anu sok imut pikayungyuneun.

Duh, Nyai......gerentes dina jero hate asa ku teungteuingeun nasib diri naha bet urang kedah papisah. Beuki lila, beuki kagambar jelas sagala katugenah, kawaas sareng kacinta urang pagalo jeung ngahunyudna eurih katebak angin. Imut nu manis, biwir nu ipis jeung raray nu pinuh kadariaan ka kuring asa teu guna harita geuning urang teu tiasa ngahiji. Tapi dalah dikumaha, geuning waktu geus nunjukeun ka urang yen urang kedah papisah, salamina. Anjeun teu salah, jiga langit diluhureun Cakrabuana anu salawasna warna bulao. Teu salah salawasna jiga mega bodas nu tingarudat diluhureun urang mangsa harita. Moal lepat sabab akang percaya ka Nyai yen gunung ieu, Gunung Cakrabuana salamina masihan kakuatan ka akang kanggo nunjukeun saha akang anu saleresna. Kulantaran, kolot Nyai anu teu panuju, kulantaran kolot Nyai anu poekeun ku dunya anu ngeusian jero hate jeung kahawekan anu sakama-kama. Kolot nyai milih si Barja, anak Pak Karta juragan Jengkol pikeun pisalakieun nyai sanggeus lulus sakola.
Asa masih keneh aya rasa ngagilisik ramo-ramo Nyai kana cangkeng waktos urang duaan ngabius kana motor boga Nyai, motor bebek, motor anyar zaman harita. Ari akang mah boro-boro boga motor apanan sakola SMA oge dipaksakeun bari jeung nganjuk ngahutang ka tatangga. Beuh, kolot Nyai mah, bru dijuru bro dipanto teh lain babasaan. Asal Nyai daek menta, moal burung teu dicumponan. Dalah Akang, kolot akang kudu dedegler heula upamana rek bayaran sakola bulanan oge. Tapi Alhamdulillah pan waktos harita akang mah meunang beasiswa di Depdiknas anu di usulkeun ku Nyai ka Kapala Sakola da Anjeuna dulur Nyai. Balik sakola, Nyai lain langsung uih ka bumi tapi sok ngajak akang muter-muter ka lamping Gunung ieu. Cenah, akang bari diajar motor di tanjakan di lamping Gunung Cakra gigireun leuweung. Akang asa era ka Nyai, era ka diri sorangan, ngukur diri sorangan sabab akang sieun. Sieun ditincak ku kaayaan. Nya akang sadar diri sabab moal kuat upami dituluykeun ieu hubungan. Sagalana geus beda di ieu lamping jiga kahirupan urang nu geus beda teu kawas baheula. Huis mimiti neteep dina sela-sela buuk hideung kuring. Kumis jeung janggot moal boa geus sarebu kali dikerok sangkan kuring katingli tetep ngora. Tapi urang moal bisa ngabohongan kana diri sorangan yen urang geus teu bisa balik deui ka mangsa waktu urang masih keneh boloho. Basa urang mimiti wanoh jeung kaget basa kumis ipis mimiti mucunghul di luhureun biwir. Asa masih keneh kamari Nyai nyeungseurikeun kumis akang jiga kumis beurit.
Sagalana ngolebat deui, minuhan pamikiran kuring anu celengeu disisi lamping ieu. Ayeuna akang gaduh jabatan di kantor Pamarentah, jauh di luar Pulo Jawa. Anak geus rendey, aya opatna kabeh sakola anu ku akang rek diproyeksikeun sina sakola luhur. Geus kuduna akang boga pamajikan teh urang jauh, urang sabrang di Pulo Kalimantan. Lain teu hayang boga pamajikan ka urang Sunda dalah dikumaha geuning jodo mah jorork geuning. Jalan raya anu luar-leor jiga oray masih keneh jiga baheula, nya didinya urang duaan hese beleke nungtun motor anu anu mogok. Nyai ngadodorong titukang matak pikarunyaeun, kuring nyekel stang sangkan nuju ka hareup anu jalanna. Harita mah asa endah wae sagala anu katingal ku urang. Nya kitu deui nyai, sok katangen imut ngagelenyu anu paling amis ka kuring. Ah..hate nyeblak asa deg-degan deui. Motor teh motor nyai anu dibawa ka sakola. Batur mah leumpang kaasup akang ka sakola teh, nyai mah geus mawa motor anyar deui. Poe ieu Nyai hayang dianteur ka sisi lamping Gunung Cakra, teu meunang heunteu nyai maksa pisan. Nya bius kuring teh mawa motor nyai ka sisi leuwung ngabonceng nyai di tukang. Hate asa deg-degan jeung reuwas da bisa kumaha onam. Tapi rasa sieun jeung kumaha onam ka eleh keun ku rasa cinta kuring ka Nyai. Nya diwani wanikeun wae. Lain salah kuring sagalana kajadian. Kuring mah ngan ukur nganteur kahayang nyai. Di sisi leuweung anu jauh kaditu kadieu nyai menta eureun. Nyai diuk cimekblek bangun lungse jeung beak kacape. Motor dieureun keun disisi jalan.
Kuring luak lieuk kaditu kadieu, sieun. Sieun pisan saba ieu teh toangan pisan. Tapi anehna nyai mah siga euwueh kasieun, pohara pisan ceuk pikir kuring. Malah neuteup telek kana beunget kuring asa jiga hayang nu eces. Aya rasa ragab jeung dosa sabab saheunteuna ge kuring teh ngan duaan di ieu tempat anu jauh kaditu kadieu jeung aranglangka kasorang ku manusa. Kuring cicing sieun kajadian saterusna matak nyiksa kuring, tapi sigana ieu kajadian teh geus direncanakeun ku nyai. Nyai ngagelehe ka kuring jiga nu ogo, kuring ngingetkeun nyai sangkan urang pajauh bisa aya syetan asup ka diri urang nya ngalakukeun nu teu bener. Tapi Nyai malah beuki liar jeung teu ngadenge naon anu kukuring dicaram. Istighfar nyai, ceuk kuring bari ngos–ngosan nahan katugenah. Antukna kuring oge manusa anu pinuh kalemahan. Kuring mawa kaperih sabab kudu nandangan kawirang ka diri sorangan, tapi nyai mah siga anu bungah sanggeus sagalana lekasan. Reg, Mobil Avanza kaluaran anyar dieureunkeun belah sisi lamping gunung, pas di tempat dariuk di lebah dinya baheula. Sanajan ayeuna geus rada lenglang kusabab tatangkalan beak dituaran.
Asa masih kagambar sagalana kajadian didinya, kuring asa diperkosa sabab mimiti pisan kuring nyaho sorga dunya, kitu deui nyai. Nyai, asa kamari urang di sisi leuweung eta, naha geuning ayeuna urang geus jauh lekasan. Basa kamari kuring patepung deui jeung nyai di sisi lembur. Kuring asa reuwas basa papangih jeung nyai anu kuleuheu jeung caludih. Ah..asa teu percaya titingalian teh, baheula kulit anu hejo carulang ayeuna ngan kari karijutna jeung semu hideung kapoe. Beungeut anu geulis lir Dewi Sri ayeuna loba gurat-gurat kapeurih katara dina tarang. Teras, Nyai nuduhkeun anak nyai ngan hiji-hijina anu keur sumedeng ligar umurna tujuh belas-taunan. Kuring moal tuker titingalian, kuring moal bohong ka diri sorangan yen anak Nyai teh siga diri kuring mangsa keur ngora, nyeples pisan. Dedegan, panon, irung, halis, biwir meh sarua. Kuring asa ningali diri kuring mangsa jeung nyai. Teu di test DNA oge kuring mah bakal ngaku eta anak kuring. Ah asa peurih hate teh geuning papanggih jeung sari pati sorangan anu teu ka roris mangsa keur jauh. Deudeuh teuing anaking!

Dicandak ti: Saungdedimlyd.web.id
Gambar: banghendri.wordpress.com
Salam hangat, Neng Lilis Mayasari.
FB: liezmaya | Twitter: Liezmaya.


Sono nu ilang

$
0
0

Djungjunan...
Mun mangsa nyeudek ka peuting
Hate teh sok nugencang
Palaur salira kapalingan

Nu endah...
Sore ieu neuteup cai hujan
Nu ragrag cing aneprok kana taneuh
Pon kitu deui hate nyai djungjunan
Anu ragrag miharep salira.

Cinta nu sepi
Endah nu pudar
Hate nu ampir - ampiran layu
Duuh djungjunan, nyai sono kanu tos ilang.


Carpon Sunda : Nini Jumsih Moro Langlayangan

$
0
0
 


Tamba sepi we nya ieu mah Lur, hapunteun tacan tiasa mairan deui carita, bubuhan we aya nu ngeleketek wae hoyong di kitunan carpon saurna ghehehe, mangga derrrr ah.

Ku : MAMAT SASMITA
“Geus seubeuh maneh Sujang..?” ceuk Nini Jumsih, bari ngareret ka incuna nu keur andekak dahar di tengah imah.
“Bisi can seubeuh kop tah beakeun alas Nini..” bari mikeun piring sangu nu meh metung keneh, jeung aya kere belut deungeuna.
“Entong Nini,…sok we seepkeun ku Nini…” ceuk Kang Sabri pangnembalankeun anakna ka Nini Jumsih.”…..Keun we keur si Sujang mah da aya keneh dina tetenong..”
Nini Jumsih keukeuh mikeun alasna keur si Sujang, incuna.
Si Sujang teh anak bungsu Kang Sabri nu umurna kakara opat taun leuwih opat bulan, keur meujeuhna segut kana barangdahar.
“Keun bae Sabri da ema mah rido…” ceuk Nini Jumsih”….Kilang bara barangbere nu lain teu bisa atuh alas dahar mah kop teh teuing,….jeung ongkoh ema mah geus seubeuh barangdahar sagala rupa oge, ari si Sujang kapan budak keneh jeung sakitu rewogna sagala dihuapkeun…”
Kang Sabri teu lemek teu carek, da enya kitu pisan, si Sujang teh kacida gembulna, sagala didahar, ngan pok bae ngomong “….Tong sok diogo teuing atuh Ema si Sujang teh….”.
“Ngogo nanahaon…da Ema mah teu boga keur ngogona oge…!”
Kang Sabri ayeuna ngabetem pisan, heueuh da Kang Sabri teh lain teu hayang mere maweh ka budak, atawa ka Emana, kudu dikumahakeun atuh pangala batan sakieu, sapopoe ngan saukur jadi tukang ojeg di pilemburan, tara unggal waktu meunang muatan, enya ari poe saptu mah sok rada marema pedah eta loba pagawe pabrik nu baralik, tapi ari di ukur keur hirup sapopoe mah hih angger we saukur mahi keur dahar, padahal jumlah kulawarga teh aya limaan, anakna dua katambah ku emana nu geus nunggul pinang da bapana mah geus mulang miheulaan.


Usaha jaman ayeuna kana sagala rupa oge hese, komo deui kaayaan di pilemburan, keur mah ongkoh haharegaan undak unggal mangsa, lamun rek dipake aral subaha mah matak aral, eta ge osok ganti pacabakan, kalan kalan osok buburuh macul, tapi da teu unggal waktu, aya usumna, nu geus jadi cecekelan sapopoe nya jadi tukang ojeg, boga motor soteh ladang tina ngajual tanah sacangkewok, da ngandelkeun tina ladang tatanen tina eta tanah mah mah lain kalahka untung tapi kalahka buntung, jeung ongkoh tanah titinggal bapana teh ku batur mah sok disebut tanah gabug, dipelakan itu ieu teh hih tetep we hasilna motetet.
Sabenerna mah lebar ngajual tanah teh, dina hatena mah teu mikeun, komo ieu kasebutna tanah warisan, nu kuduna mah dipusti pusti, Kang sabri ge lain teu ngarti, ngan nya kitu da hirup mah kudu jeung huripna, da niat ngajual tanah teh lain rek dipake monyah monyah, estu keur usaha ngabayuan nu jadi anak pamajikan, Alhamdulillah dina derna jadi tukang ojeg aya hasilna sok sanajan ngan ukur cukup keur dahar, atuh motor awet da makena apik.
Pasosore bada asar, langit lenglang beresih, euweuh riuk riuk ceudeum maleukmeuk, angin ngagelebug, ti kulon ka wetankeun, Nini Jumsih ngageroan si Sujang “..Sujang geura mandi kaituh urang ulin ka sawah lega, urang lalajo langlayangan..”
Si Sujang uulutudan keneh, tas ulin ti sisi kandang hayam, sigana mah tas ngala undur undur, da awakna mani kalotor ku kekebul taneuh.


“Nini uing ngilu….dagoan rek mandi heula..!” si Sujang tuturubun lumpat ka pancuran rek ngadon mandi, Nini Jumsih nuturkeun ti pandeuri, di jalan ka pancuran ngarawel daun harendong dua keupeulan.
“Sing beresih mandi teh Sujang, ulah bating gebrus kitu bae,…kadieuh urang ruru ku Nini geura..!”
Nini Jumsih ngamandian si Sujang, diruru nepi ka beresih, dakina palid kabeh, daun harendong gaganti sabun, sok sanajan teu loba budah tapi meujeuhna keur meresihan daki.
Sanggeus si Sujang dibaju terus arindit ka sawah lega, kabeneran di sawah lega teh geus beres panen, jadi siga lapangan nu mayakpak ku pare urut panen, meh satungtung deuleu, kacida resepna ngapungkeun langlayangan didinya mah.
“Euleuh geus loba batur geuning Sujang..” ceuk Nini Jumsih ka si Sujang semu ngaharewos…”Hayu urang beulah ditu tuh nu aya saung…ambih genah lalajona..” ceuk Nini Jumsih bari nungtun si Sujang mapay galengan muru saung meh ditengah sawah.
Bari diuk sidengdang Nini Jumsih jeung si Sujang lalajo langlayangan, di tegalan sawah lega geus loba barudak nu rek ngarucu ngala langlayangan kapakan, langlayangan nu eleh diadu, barudak ting alabring bari mamawa gantar nu tungtungna ditambahan ku rupa rupa cagak sangkan babari ngait kana bola langlayangan.
Ti beh kidul kadenge nu eakeakan, sihoreng aya nu keur maen bal, ku jarami nu di buleud buleud siga bal, enya pasosore teh di sawah lega mah sok rame bae utamana sanggeus beres panen, barudak loba nu arulin.


Teu kanyahoan jol bereyek we barudak nu ting taranggah ngaliwat kana saung nu dipake sidengdang ku Nini Jumsih jeung si Sujang, barudak ting beretek, enya we aya langlayangan nu ngoleang ka palebah dinya, barudak geus pada taki taki paluhur luhur gantar, kalan kalan dina beunangna langlayangan teh lain alus mulus tapi kalahka soeh rikes da parebut.
“Sujang ari maneh hayang langlayangan..?” ceuk Nini Jumsih ka si Sujang nu keur olohok mata simeuteun ningali barudak saluhureun pahibut parebut langlayangan, si Sujang neuteup ka ninina, teu ngomong sakemek
Puguh si Sujang teh dua poe nu kaliwat kungsi ceurik eueuriheun bari jeung lolongseran da parebut langlayangan jeung lanceukna, ku lanceukna langlayangan teh kalahka disumputkeun di para, ngumaha ka bapana teu diwaro ngumaha ka indungna teu digugu majarkeun "“.Sujang maneh mah leutik keneh...can bisa ngapungkeun langlayangan,.…kuriak we ti kusruk…”
Si Sujang eureun ceurikna pedah dicombo ku Nini Jumsih diajak ka tegalan ngala cecendet jeung ngukuy sirung hui., balik balik geus meh rek magrib bari ranggem mamawa cecendet jeung anak hui dina leungeuna.
Leungeun Nini Jumsih ngusapan sirah si Sujang “ Heug lamun hayang langlayangan mah engke ku nini dibere…”, awak si Sujang nyarande kana awak Nini Jumsih, leungeunna tetep ngusapan sirah si Sujang, kadeudeuh kanu jadi incu majarkeun sok leuwih tibatan kanu jadi anak.
Nini Jumsih jung nangtung, reketek mageuhan samping bari rada disingsatkeun “…Sujang maneh mah cicing didieu,…dagoan nini nya…”, Nini Jumsih tangtanggahan ningalian langlayangan nu ngoleang.
Ti kajauhan kaciri langlayangan ngoleang pegat talina, ngambul siga kaluhur, terus nyoloyong ngadeukeutan saung, Nini Jumsih rikat lumpat, kitu ge barudak nu sejena, papada lalumpatan moro ka palebah langlayangan bari teu lesot mamawa gantar.
Nini Jumsih enyaan sisirintil ngudag ngudag langlayangan, lat bae poho kana umur, kana awak nu geus meh bongkok, sigana geus teu era najan samping disingsatkeun, ngudag langlayangan bari ngagorowok, “…Mingkeun nu aing eta mah …keur incu deuleu…!!”, kituna bari jeung dudupak ka barudak satepak, puguh we barudak dikitukeun mah rada nyalingkir, rada hemar hemir nandingan nini nini.


Puguh we ningali kitu mah matak gimir, geura we nini nini awakna nu geus meh bongkok, ari buuk camutmut bodas bari ririaban katebak angin, panon muncereng, rurat reret ka barudak jeung melong kaluhur kana langlayangan.
Nini Jumsih ngajleng ngarawel bola, teu beunang, langlayangan kalah ngaleok ka palebah susukan, nu sejen nu lalajo jadi hookeun ningali pamolah Nini Jumsih, tanagana lir nandingan budak ngora kitu deui ujlang ajlengna geus puguh ari lumpat mah teu eleh ku budak nu sejen.
Barang sakali deui ngajleng ngarawel bola, sigana galengan sisi susukan teu dipalire, ari gajleng bola karawel tapi Nini Jumsih ti kecebur kana solokan, atuh puguh awakna rancucut baseuh kajero jerona, langlayangan mah salamet tetep garing.
Sigana reuwas kareureuhnakeun, napas Nini Jumsih ngahegak, bari ngorondang kaluar tina solokan..”…Sujang…Sujang ieu langlayangan teh…”.
Si Sujang ngaberetek lumpat, muru ka ninina, Nini Jumsih ge hudang bari gigibrig, baju baseuh teu ditolih “…Sujang hensok hiberkeun meungpeung panon poe encan surup..!”
Si Sujang nurut ngapungkeun langlayangan, encan bisa ngapung luhur keur mah ongkoh poe geus ngagayuh ka burit.
Tonggeret geus raeng disarada, angin tiis pagunungan geus mimiti karasa
“Sujang isuk deui we ngapungkeunana, ayeuna mah hayu urang balik, bisi kaburu magrib..!” ceuk Nini Jumsih ka si Sujang, dina kongkolak panona aya cai herang ngembeng nu teu weleh neuteup si Sujang nu keur kacida atohna meunang langlayangan Si Sujang ngagolongan bola kana rokrak, bari terus nuturkeun ninina balik ka imah.
Bada isya Nini Jumsih ngageroan Kang Sabri, bapana si Sujang,”…Sabri cik kadieu ieu pangsimbutankeun Ema…ieu awak asa tariris kieu..”
Kang Sabri gura giru muru emana, asa reuwas pedah arang langka rumahuh, ari ayeuna nepi ka ngageroan sagala, terus Kang Sabri ngarampa tarang emana, enya we awakna nyebret panas,”…Ema geuning mani nybret kieu…ke urang kompres ku cai gentong..”.
“Entong Sabri….ieu we pangnyimbutankeun…….”
Ti harita Nini Jumsih brek gering, teu kungsi lila nepi ka hanteuna. Nini Jumsih mulih ka jati mulang ka asal, Kang Sabri inget keneh kana omongan emana nu panungtungan “..Sabri kahade si Sujang sina bisaeun ngapungkeun langlayangan..”.
Si Sujang angger sok ulin maen langlayangan, di buruan we, da teu wanieun ulin ka sawah lega, euweuh nu nganteur.
“…Nini …ieu uing geus bisa ngapungkeun langlayangan..” si Sujang sok ngagorowok bari lulumpatan mamawa langlayangan.


--- oOo ---

(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Mangle No. 2212, 19-25 Maret 2009).
Sumber: rumahbacabukusunda.blogspot.com

Mars Sareng Kataragan Pembangunan Kabupaten Bandung

$
0
0

Logo Jawa_BaratAssalamu’alaikum wr.wb, kumaha Lur daramang? Mugi aya dina kasehatan tur panangtayungan nu Maha Kawasa Alloh SWT. amin

Simkuring bade babagi sakedik carita dina sonten ieu, kamari pun rayi simkuring anu isteri ka Bekasi ngajajap kapo raka langsung tuturubun nyungken tulung ka simkuring piken pangmilarikeun lirik tembang Mars Bandung sareng kataragan Bandung bari eta ge teu puguh da anjena ge teu terangeun naon judulna haha

“Teteh pangmilarikeun lirik lagu kangge tugas ti Pak Guru Eneng”
”Tugas naon?”
”Tugas Kesenian”
”Judul laguna naon kitu”
”Nyeta teu terang da teu dipasihan terang ku pak Guruna oge”
”haaar terus kumaha atuh”
”Nya pokokna mah aya lirikan “Riung…riung gunung citarum euu euu eu…euuu euu eu” bari nyanyi di nadakeun sakapanggiha haha
”Ooh enya kapungkur teteh ge kantos diajarkeun ku pak Asep guru SD, tapi hilap deui teteh ge…”
”Pangmilarikeun atuh teteh, enjing bade di pecak”…

Nya bray we simkuring muka komputer noel mang Google namun teu mendakan gening dugi ka pun rayi the ngaraos putuh asa bade nangis kekejretan *bohong ketang Smile with tongue out

Alhamdulillah kenging panyaangna ti situs resmi kabupaten Bandung, sakantenan we etang-etang babagi kangge nu sanesna bilih gaduh tugas nu sarupi, sareng ari harepan mah kangge bahan urang ngamumule budaya Bandung, maenya mars kota kalahiran sorangan teu apal-apal acan mah beu *nyindiran olangan

Mangga, ieu di handap di guar sakantenan sareng MP3 na manawi ka angge kantun di unduh bae.

---

Lirik Mars & Karatagan Pembangunan Kabupaten Bandung

Wahai masyarakat tegak berjaya Bergandeng tangan membangun negri

Serempak berjuang isi peluang Aparat dan rakyat, srentak mufakat

Ditanah subur leluhur Bandung Budaya tertata agama utama

Aya kita bangun wujudkan cita, Repeh rapih kertaraharja

Tatar Kita Kabupaten Bandung Berhias gunung menyusur citarum

Srempak berjuang isi peluang Aparat dan rakyat, Srentak mufakat

Lagu : S.Syukur
Syair : Helinesye

---------------------------------------------------

Karatagan Pembangunan Kabupaten Bandung

Bandung Kabupaten Kabupaten Bandung Dina iuh iuh gunung Dina aisan Citarum Hanget sumanget ngaheuyeukdayeuh Hanget sumanget ngaheuyeukdayeuh

Ngesto amanat na galeuh maneuh
Ngesta budaya kerta raharja
Ngarik sadulur ngaraksa lembur warisan peraleluhur
Hayu ngawangun singjucung amanatna bandung
Repeh rapihkerta raharja

---------------------------------------------------

Mars Kabupaten Bandung sareng Karatagan Pembangunan Kabupaten Bandung

Mangga nu bade Download mp3 Mars Kabupaten Bandung( KLIK Download)
Karatagan Pembangunan Kabupaten Bandung (KLIK Download).

 

Cag ah,
Ku Neng Lilis Mayasari,
Sumber: Hatur nuhun kangga Situs resmi Kabupaten Bandung bandungkab.go.id

Wilujeng Boboran Shiam 1434 H, Hapunten Lahir sinareng Bathin

$
0
0

Bandung Arjasari Rancakole - Lebaran 2013Nu karaos ku simkuring…kenap “Teu karaos wakto nyerelek”  the da enya sanes paribasa wungkul palawargi, 3 dinten  urang nyumponan ibadah shaum dina sasih Romadhon, ayeuna parantos nincak sasih Syawal deui. Mugia amal Ibadah urang salami sasih anu pinuh kamulyaan eta the cing ditampi janten pahala, janten barokah sareng mugia kasono urang kana sasih Romadhon tiasa kacumponan deui taun payun.

Simkuring Neng Lilis Mayasari sareng sakulawargi di Bandung nyungkeun hapunteun samudaya kalepatan lahir sinareng Bathin, kakhilafan mugia jembar manah urang silih hampura, WIlujeng Boboran shiam 1434 Hijriah (2013 Masehi).

Viewing all 65 articles
Browse latest View live